Urang Lembur Naék Haji



Aya kamandang anu nyebutkeun yén sebutan haji jeung hajjah ngan dipaké ku masyarakat di urang keur nyebut jalma anu kungsi nedunan ibadah haji ka Mekah. Ku lajuna mangsa, sebutan haji lain digunakeun keur nyebut ka jalma Islam anu nedunan haji gedé dina bulan Rayagung wungkul, kanu geus bisa nedunan umroh ogé bisa disebut haji, sebutanna haji leutik. Sebutan haji di masyarakat urang, ceuk sakaol mangrupa cara Walanda keur ngukur sabaraha jumlah masyarakat di urang anu kungsi indit ka Mekah dina abad ka 18 jeung 19.

Walanda tangtu baé boga maksud nataan jumlah jalma anu kungsi indit ka Mekah kusabab henteu sagawayah jalma anu bisa nedunan ibadah haji dina mangsa harita. Jalma anu geus masagi ku pangaweruh jeung loba banda anu bisa ngalakonan ieu ibadah. Faktana, lolobana jalma anu nedunan ieu ibadah ti golongan ménak, aristokrat, jeung ajengan. Hasil panalungtikan Walanda anu dikokolakeun ku Snouck Hurgronje di wewengkon Sumatera nyebutkeun kalolobaanna pacogrégan horizontal antara Walanda jeung warga pribumi cukang lantaranna dikokojoan ku para ajengan anu kungsi ka Mekah. Di Mekah – mangsa harita – teu jauh béda pernahna jeung mangsa kanabian, Mekah mangrupa tempat ngumpulna jalma ti sakuliah wewengkon, ti mana mendi, sagala pasualan kahirupan diguar, kaasup kumaha kaayaan wewengkon-wewengkon anu keur dikawasa ku kaum kolonial.

Keur pasualan kolonialisme, kabéh nagara anu dieusi ku umat Islam boga pamadegan sarua: kolonialisme mangrupa niléy anu henteu sagalur jeung kayakinan. “Perbudakan”, hal anu teu saluyu jeung martabat kamanusaan kacida jelas patukang-tonggong jeung Islam. Keur Walanda, beuki mahabuna jalma anu indit ka Mekah boga harti bakal beuki loba jalma (bangsa Nusantara) apal cangkem kana pasualan anu keur éwuh-pakéwuh di dunya global. Jalma-jalma samodél kieu kudu ditataan, mangrupa jalma poténsial, bisa ngusikkeun masyarakat séjén dina ngalawan nepi ka ngusir Walanda.

Tug nepi ka ayeuna, haji jeung hajjah jadi sebutan ka jalma di ieu wewengkon anu kungsi ngalakonan ibadah haji atawa naék haji ka Mekah. Malah dibéré tanda, nepi ka taun 90-an katompérnakeun, kopéah bodas anu digunakeun mangrupa ciri atawa tanda hajina jalma. Bapak jeung Bu Haji, Kyai jeung Nyai Haji geus pasti maké kopéah warna bodas, sorban bodas, tiung bodas, baju bodas, sarwa bodas keur nuduhkeun simbul kungsi indit ka taneuh suci, Mekah. Jalma anu can kungsi indit ka Mekah tuluy mamaké kopéah bodas geus pasti bakal disebutan ku batur-baturna: haji sinduk, haji duloh, atawa haji kahpi.

Antara abad ka 18 jeung kiwari tangtu béda kualitas subyék anu bisa ngalakonan ibadah haji atawa naék haji. Abad ka 18 jeung 19 anu indit ka Mekah kacida jarang kusabab alat patalimarga anu digunakeun keur meuntas ka nagara deungeun (Arab Saudi) masih ngandelkeun kapal laut, waragad ogé tangtu baé leuwih mahal kusabab lilana di jalan. Ngan jalma anu geus masagi sagala rupa anu bisa indit ka Mekah. Ku basa kiwari mah mampuh dina sagala widang.

Kiwari, saha baé bisa indit ka Mekah, arék nedunan haji gedé atawa haji leutik (umroh). Waragad bisa dicicil, malahan keur nedunan umroh mah teu saeutik perusahaan travel anu nyiapkeun program pakét haji jeung umroh, loba piliheun. Bisa nyicil, nabung, ogé aya anu dikiriditkeun, jalma indit hela ka Mekah, mayarna dicicil kawas ngiridit hiji barang. 

Régulasi pamaréntah ngawatesan kuoto jalma anu indit ka Mekah dumasar kana paménta ti pamaréntah Saudi, ampir tiap taun kuoto pinuh malahan leuwih ti misti, taun ieu mah jumlah kuota jamaah haji ogé ditambah, spésial keur ieu nagara salaku wewengkon anu dieusi ku jumlah muslim pang lobana di sakuliah dunya. Anu hésé ayeuna geus béda jeung dua abad ka tukang, tina susah waragad jeung lilana di jalan jadi kana susahna jalma kabagéan kuota haji. Kudu nunggu dua nepi ka lima taun, digilir kusabab jumlah jamaah haji ti taun ka taun beuki nambah.

Di lembur kuring, nepi ka taun 90-an, jalma anu kungsi naék haji bisa kaitung ku ramo leungeun. Ti saprak réformasi jumlahna beuki naék tiap taun, geus puguh jumlah jalma anu kungsi umroh mah, bisa mangpuluh-puluh. Masyarakat boga anggapan da nedunan haji gedé mah rada pasedek jeung kacangreud ku kuota, geus baé jadi haji leutik baé ku ngalakonan ibadah umroh.

Dina taun 80-an, nalika jalma mulang ti Mekah ka lembur, dibagéakeun saenyana, diriung ku kulawarga, tatangga deukeut jeung jauh ogé milu ngumpul. Haji jeung hajjah anyar ditanya pangalaman salila di Mekah. Kumaha di Mekah téh? Duh iraha atuh kuring anu bisa indir ka ditu? Ari maqom Ibrahim lebah mana pernahna ti Kabah? Mawa cai zam-zam sabaraha jalikén? Sapoé balik ti Mekah, masyarakat dibagi korma jeung kacang Arab sabungkus séwang, eusina ngan tilu kéréhél. Tapi terus terang ku mangsa harita, ku ngadahar korma ogé masyarakat ngarasa dirina saolah keur aya di Arab Saudi.

Béda jeung kiwari, anu ramé jeung direuah-reuah ku masyarakat jeung jalma anu boga maksud nedunan Ibadah haji nyaéta saméméh inditna. Ieu calagara sok disebut walimatus-safar, walimatul-hajj. Eusina nyaéta mandar sangkan calon jamaah lungsur-langsar dina neduna ibadah haji.

Posting Komentar

0 Komentar