Sukabumi Urang

Kota Sukabumi mangrupa wewengkon anu bisa disebut ‘wilayah peripheral’, minangka hiji kota anu ngawengku ibu kota nagara. Katelah daérah anu ngawengku ibu kota nagara lain ayeuna-ayeuna. Sababaraha sumber sajarah nétélakeun, para inohong ieu nagara kungsi ngaluuhan Sukabumi jauh saméméh Indonésia Merdéka.

Di sagigireun éta, teu saeutik carita rahayat anu nyebutkeun raja Pakuan Pajajaran, Prabu Siliwangi ngajadikeun ieu wewengkon mangrupa tempat ‘niis’ dina abad ka 15. Dumasar kana hal éta, henteu salah nalika loba anu méré landihan ka ieu wewengkon ku sebutan: tempat anu pikabetaheun di cicingan.

Dina abad ka 18 nepi ka mangsa kamerdékaan, Walanda ngajadikeun Sukabumi hiji tempat ngabangbrangkeun diri. Ku mangsa kiwari mah bisa disebutkeun para aristokrat Walanda ngadegkeun sababaraha paniisan atawa tempat reureuh di ieu wewengkon. Tug nepi ka ayeuna, para inohong nagara anu datang ka Sukabumi geus tangtu dihubung-hubung jeung sajarah kungsi datangna inohong-inohong dina mangsa ka tukang ka Sukabumi.

Aya anu nanya, naon anu ngalantarankeun Sukabumi cocog dijadikeun tempat ‘niis’ ku para inohong? Salian ieu tempat miboga hawa tiis tangtu aya hal séjén anu bisa narik ati saha baé mikareueus ka ieu wewengkon, hiji factor paralogis, teu bisa kaharti ku akal tapi mémang aya di kieuna, sebut baé chemistry anu meungkeut atawa nalian haté jalma di ieu wewengkon.

Kiwari, sababaraha kecamatan di Kota Sukabumi geus ngawujud jadi wewengkon rural-urban. Geus puguh puseur dayeuhna mah henteu kudu dicaturkeun deui. Sababaraha pasualan anyar geus pasti pating pucunghul utamana anu aya patula-patalina jeung pasualan sosial, budaya, jeung ékonomi.

Diwangunna jalan tol anu ngahubungkeun ieu kota jeung dua kota séjén; Bogor jeung Jakarta bakal mawa pangaruh kana hirup kumbuhna widang ékonomi di ieu wewengkon. Keur Kota Sukabumi anu bisa disebut hiji kota capmernik atawa leutik mangrupa tangtangan sakaligus lolongkrang. Kabéh anasir geus mimiti tatahar nyanghareupan hal anu baris tumiba nalika ruralisasi ngangsreug ti wewengkon Bogor-Jakarta ka Sukabumi.

Sababaraha tangtangan anu geus nanggoh hareupeun urang di antarana; pasualan sosial anyar, robahna budaya dilantarankeun ku akulturasi nepi ka infiltrasi budaya kota ka budaya lembur, jeung pasualan ékonomi. Sababaraha tangtangan ieu sabenerna mangrupa lolongkrang atawa ‘peluang’ keur urang Sukabumi sorangan. Umpamana, pasualan bakal rubahna budaya kudu disanghareupan ku tarékah nalungtik jeung ngamumulé budaya Sunda jeung varian-varianna anu aya di Sukabumi. Ti ayeuna kénéh budaya Sunda jeung Sukabumi kudu diwanohkeun ka masyarakat.

Sababaraha festival kungsi dicalagarakeun di Sukabumi. Maksud jeung tujuanna tangtu baé keur ngawanohkeun budaya Sukabumi jeung narik wisatawan domestic sangkan daratang ka ieu wewengkon. Ampir unggal taun dina raraga ngareuah-reuah milangkala kota dicalagarakeun ‘helaran budaya’. Hal ieu mémang bisa disebut mangrupa calagara sérémonial, hartina bakal dipikaresep ku masyarakat wungkul, saharitaeun, sataun sakali.

Tarékah séjén sangkan calagara helaran budaya lain ngan saukur dipikaresep tapi misa dipikareueus ku masyarakat Sukabumi tangtu baé kudu diayakeun calagara séjén anu bisa narik ati, calagara budaya anu sifatna tuluy-tuluyan, lain saharitaeun wungkul. Lain ku nanaon, Sukabumi téh apapan kampung dumuk banjar karang pamidangan urang, hartina maju jeung mundurna ditangtukeun ku tarékah urang-urang kénéh.



Posting Komentar

0 Komentar