Reugreug Pageuh, Répéh Rapih

Motto anu dijadikeun papatah sakaligus bisa méré sumanget dina hirup kumbuhna masyarakat Kota Sukabumi nyaéta “Reugreug Pageuh, Répéh Rapih”. Ku saliwat mah, opat kecap ieu kawas lain mangrupa hiji kalimah sampurna. Kalimah samodél kieu mangrupa kalimat ringkes, sababaraha jejer disumputkeun kusabab geus kawakilan ku opat kecap. Ti sagigireun éta, kaluarna ieu motto tangtu henteu dijieun sagawayah, ngaliwatan heula olah-rasa, olah-pikiran, jeung olah-realita.

Reugreug pageuh miboga harti kaayaan ati jeung sanubari anu dipinuhan ku kagenah, lugina, tingtrim ati, tenang kusabab pasualan hirup –antara lahir jeung batin- geus kacumponan. Dua kecap ieu mangrupa wawakil dina diri jalma anu dina dirina geus dipinuhan ku “rasa syukur” kana kaayaan hirup, nampa sagala rupa hal anu tumiba ka dirina. Lain saukur narima sagala perkara anu aya patula-patalina jeung materi. Ku sikep reugreug anu aya dina diri bakal ngawangun hubungan anu pageuh antara pamaréntah jeung masyarakat, masyarakat jeung masyarakat, ka dituna mah hubungan antara masyarakat jeung wewengkonna.

Diri anu jembar jeung reugreug, ditambah ku kahirupan masyarakat anu pageuh nyekel kabiasaan, norma, jeung niléy anu aya geus tangtu bakal mudalkeun hiji kaayaan anu répéh jeung rapih. Répéh boga harti henteu gandéng jeung riweuh ku pasualan-pasualan anu teu kawilang substantif. Lobana padungdengan, wangkongan “wara-wiri”, pacogrégan dina hirup dilantarankeun ku can jembar jeung léahna ati, can kacumponanna kahayang dina diri. Lobana pacékcokan geus pasti ngahasilkeun kaayaan teu akur jeung kurang rapih.

Lamun mah ieu motto dijieun kalimah sampurna, tangtu baé hasilna bisa kawas kieu: “ Keur ngawujudkeun masyarakat anu reugreug ati, kudu nyekel pageuh norma jeung kabiasaan silih ajénan sangkan kahirupan masyarakat hirup dina kaayaan répéh, teu loba sentak sengor, hiji masyarakat anu éstuning rapih jeung silih ajénan.”

Sababaraha taun ieu, urang teu bisa nutup diri, kahirupan anu dipikahayang, loyog jeung motto Reugreug Pageuh Répéh Rapih masih can kacumponan sagemblengna. Teu saeutik dina kahirupan di Kota Sukabumi masih loba anu can ngarasa reugreug, saolah pangabutuh dina kahirupan can kacumponan. Dina médsos mah ramé ku padungdengan ku alesan jalma boga hak anu sarua dina ngaéksprésikeun kamandang jeung ngabudalkeun kekecapan. Anu dipadungdengkeun sabenerna lain pasualan-pasualan substantif deuih, leuwih kana pacékcokan anu dipinuhan ku sindir sampir, pangjejeléh, jeung pinuh ku kaceuceub.

Sababaraha minggu ka tukang kuring kungsi nyerat: urang ulah awuntah ku sindir-sampir jeung kekecapan saolah eusina kritik padahal saukur kangéwa. Kritik mémang ciri hiji masyarakat maju dina pamikiran salila dilakonan jeung ngaliwatan “saluran-saluran” anu bener. Umpamana, dina ngeritik atawa nyawad ka pamaréntah geus tangtu sah baé –komo dina mangsa disrupsi kawas kiwari-, disebut sah nalika éta kritik ditujukeun ka jalma atawa pamaréntah kalawan wijaksana.

Ngan tangtu baé, sikep kuring samodél kitu disebut saolah anti-kritik, padahal boga maksud nempatkeun kritik kana anu sakuduna. Kritik tangtu baé kacida béda jeung ngagogoréng bébéakan. Sakumaha harti kecap: dicatut tina Basa Yunani krités, hartina jalma anu ngaluarkeun kamandang anu miboga alesan jeung hasil tina analisa, nimbang taraju kana niléy anu aya.

Mémang henteu gampang jeung hampang ngawujudkeun hiji kota atawa wewengkon aya dina kaayaan “Reugreug Pageuh Répéh Rapih”. Ieu motto lain formula atawa rumus tapi mangrupa tujuan jeung kahayang ideal urang Sukabumi. Ngawujudkeunna merelukeun pikiran, tanaga, waragad, waktu, jeung prosés nété tarajé nincak hambalan. Sabenerna loba pisan kecap-kecap anu ngarojong keur ngawujudkeun kahayang urang di antarana: gawé rancagé, rempug jukung, sareundeuk saigeul sabobot sapihanéan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Anu hésé nyaéta prakna.

Posting Komentar

0 Komentar