Dongéng Sunda

Méméh ramé ku acara TV kawas ayeuna, kira-kira mangsa dua puluh taun ka tukang, masyarakat di pakampungan ngalaman kumaha jayana radio transistor. Dina galura AM (amplitude modulation), stasiun-stasiun radio midangkeun rupa-rupa acara. Lolobana mah hiburan; midangkeun lagu-lagu kalawan dipénta hela ku kanca mitra, sarana paménta nyaéta kartu aténsi anu hargana 250 pérak.

Keur barudak di kampung, anu can kasabaan – komo nyekel – alat éléktronik anu canggih saperti Ninténdo, acara radio anu dipikaresep nyaéta dongéng Sunda. Di warung Mang Ja’i, barudak sok ngumpul wanci lingsir ngulon (jam 13.00) jeung ashar seja ngadéngékeun dongéng Sunda ti Mang Dina Mara , Mang Dedi Mulyadinata, jeung Wa Képoh. Barudak resep kana dongéng Sunda katambah anu boga warung geus surti, tiap jam anu ditangtukeun sok mindahkeun galura radio kana stasiun anu midangkeun dongéng Sunda.

Tug nepi ka ayeuna, sababaraha judul dongéng Sunda jigana masih diinget ku barudak saentragan anu ayeuna mah geus jaradi bapa. Misalkeun; Si Kampéng Sésa Gelap, Ngadu Jago, Dedemit Gunung Warangas, Talaga Hideung, Si Rawing, Si Kulup, Si Buraong, jrrd. Acara dongéng Sunda beuki dipikaresep lamun geus asup bulan puasa. Dipan warung Mang Ja’i dipinuhan ku barudak, moyég, jeung daria kana jejer dongéng.

Dina bulan puasa taun 1988, dongéng Sunda anu banget dipikaresep nyaéta carita Si Jeki jalma buraong. Jalma buraong nepi ka dipikaresep ku Erawati. Dén Yoyo salaku tokoh antagonis jalmana pupujieun, haying disebut jegud, totolosoan haying beunghar ku cara muhit ka Déwi Centring Manik. Geus puguh ari hirup mah mihak ka jalma bener, dina ending dongéng Si Jeki bisa ngalaki rabi jeung Erawati.

Salian éta, dongéng Sunda Si Kampéng Sésa Gelap jadi primadona. Ampir di tiap imah, kira wanci jam dua beurang, kadéngé sora Mang Dina hut het, cuh cih, ngadongéng. Béda jeung Mang Dina, Mang Dédi mah biasana sok ngadongéng anu boga jejer pasoalan-pasoalan werejit, jurig, jeung dedemit. Umpamanya; Dedemit ti Gunung Warangas , tokoh protagonisna nyaéta Mang Itok. Carita Tangkorak Hirup, jrrd.

Henteu anéh, tiap isuk, barudak sok ngomongkeun deui jejer carita tina dongéng Sunda ti A nepi ka Z. Anu henteu kungsi ngadéngékeun ogé antukna jadi apal ti anu cumarita. Anu asalna henteu pati resep kana dongéng Sunda ogé bijil rasa panasaran jadi haying ngadéngékeun.

Nalika nincak kelas lima Sakola Dasar, dina salah sahiji stasiun radio midangkeun dongéng Sunda Wa Képoh anu judul Si Rawing. Kuring tara katinggaleun saépisode ogé ngadéngékeun éta dongéng nepi ka tamat.

Radio transistor anu dihirupan ku batu batré cap Kuda Terbang mimiti kalindih ku radio –tape –recorder mérk JVC dina awal tahun 1990. Radio ogé geus disetél ku setrum. Sababaraha masarakat geus aya anu maké ampli jeung salon badag sangkan sora radio jeung tape leuwih tarik ti sasari. Ngan sareujeung jeung beuki majuna widang téknologi, dongéng Sunda mimiti melempem kasedek ku lagu-lagu dangdut.

Jaman beuki ngangsreg, gancangna lir kilat. Di juru-juru kahirupan anu dipidangkeun lain dongéng Sunda deui. Tapi carita-carita kahirupan anu beuki henteu puguh, pajeujeut kawas benang pagujud, silih rewég kawas ucing parebut pais lauk. Teuing marebutkeun naon? Ngan saukur catur tanpa bukur. Tapi kabéh ogé bakal sarua jeung jejer caritaan dina dongéng Sunda, anu bener bakal pinunjul anu jahat bakal tumpur ludes. Kabéh moal nyésa, alam bakal simpé deui, sarua jeung tukang dongéng anu nutup carita ku kecap: Euh Waktosna Henteu Nyekapan, Pamiarsa….. Simpé, jempling…

Posting Komentar

0 Komentar