Warung Kopi, Bihari Ka Kiwari


Saha anu teu apal kopi? Kopi -keur masarakat lembur jeung dayeuh – lain ngan saukur inumeun tapi geus jadi hiji budaya. Jadi obrolan sapopoé. "Urang ngopay hela, yu!" Kalimah éta geus teu anéh deui kana ceuli. Jigana, ampir jalma anu geus manjing umur resep kana kopi. Hartina, ulah kumawani nyapirakeun kana kopi. Sawatara taun ka tukang, kopi kungsi jadi jejer padungdengan, kopi dicampur sianida!

Bangsa Éropa nepi ka ludeung meuntas sagara ti wewengkonna sorangan ka Nusantara ku alesan kopi. Ti éra mérkantilisme kénéh kopi geus ngawujud jadi hiji komoditas sarimbag jeung "rempah-rempah" séjénna. Malah bisa disaruakeun jeung emas, bisa ogé disebut "emas hideung".

Bangsa Éropa utamana Walanda anu datang ka ieu tatar Nusantara, diluluguan ku kongsi perdaganganna, ngabukbak leuweung, muka tegalan, dijadikeun kebon-kebon kopi. Pagawéan kasarna geus tangtu ditibankeun ka bangsa urang. Perbudakan anyar kusabab kopi kungsi kacatet jadi salah sahiji sajarah kahirupan jalma.

Hasil panalungtikan ti para ahli nyebutkeun kopi ngandung caffeine, zat adiktif éta anu bisa ngabalukarkeun jalma ngarasa "katagihan" ku kopi. Nya tangtu sagala rupa ogé kudu aya ukuranna, ulah leuleuwiheun teuing. Salila diinum kalawan wates anu wajar mah kopi bisa ngawujud jadi hiji énergi positif, teu jadi matak.

Dina salah sahiji kolomna, Seno Gumira Adjidarma nyebutkeun, kopi anu ngandung candu mangrupa "legal drug", inuman anu sah dijual-beulikeun. Geus tangtu béda antara kopi jeung narkoba mah. Teu ngopi mah moal ngalantarankeun sakauw.

Keur jalma-jalma anu aya di pilemburan mah teu kudu mikir lila-lila, kopi naon anu kudu ditinyuh. Kopi campur jagong ogé teu jadi sual. Atawa meuli kopi écéran dina sachcet, bisa ogé kari ngomong kanu boga warung, " Kopi sagelas, ceu!".

Béda deui nalika urang arék ngopi di dayeuh, biasana diplanningkeun heula, arék ngopi di warung kopi atawa Cafe mana? Anu ditéangan lain anu murah, tapi anu mahal jeung tempatna ngeunaheun dipaké ngawangkong. Anu mahal lain kopina wungkul, tapi suasana jeung kaayaan warung kopi atawa cafe-na.

Di Kota Sukabumi ti mimiti taun 2010 geus jlug-jleg Café, bar, jeung warung kopi anu didesain kalawan modérn. Nya ari keur ngéléhkeun satingkat "Starbucks" mah jauh kénéh. Bisnis kopi katénjo alus prospekna pangna tiap Cafe jeung bar boga menu khusus kopi. Aya Seecul (Street Culture Coffee and Bar), Kopi Ci Gaud, Butler, Analog, jrrd. Ampir unggal poé jeung peuting éta Cafe jeung bar dipinuhan kunu boga maksud teu pira, ngobrol jeung ngopi.

Anu diobrolkeun di warung kopi ngawujud jadi frasa anyar dina kahirupan. "Paguneman atawa obrolan Warung Kopi", nyaéta paguneman anu nuduhkeun kurang formal, béda jeung naon anu keur dipadungdengkeun di parlemén. Anu matak sok aya kekecapan, " Lah, éta mah ngan saukur obrolan di warung kopi, tong pati dianggap!"

Obrolan atawa paguneman warung kopi ngaguar rupaning pasualan ti mimiti politik, ekonomi, kadeudeuh, jeung pasualan sosial séjénna. Bener, budaya gosip disebutna. Sagala rupa diobrolkeun, cindekna, ngobrol henteu sabari ngopi asa hambar jeung cawérang. Tapi ku kahirupan ayeuna, paguneman di warung kopi bisa ngawujud jadi kamandang gedé, opini publik, malah aturan jeung undang-undang ogé aya anu kaluar kusabab dimimitian tina obrolan di warung kopi.

(Kang Warsa)

Posting Komentar

1 Komentar