Rebo Nyunda Jeung Pakéan Adat


Ampir lolobana urang Sunda anu miboga sikep reueus kana budayana: salah sahijina Basa Sunda ngarasa perlu ngamumulé jeung ngaraksa kana basa indung di ieu wewengkon. Teu saeutik wacana - salila dua dékade - kecap ngamumulé budaya Sunda minuhan rohangan wangkongan jeung diskusi utamana dilakonan ku para inohong, paguyuban, komunitas, jeung élémén masyarakat anu ngarasa hariwang beuki pajeujeutna Basa Sunda digunakan ku para nonoman dina kahirupan.

Kaluarna sikep hariwang di luhur bisa disebut wajar dilantarankeun ku réalitas anu aya. Basa Indung mémang moal bisa leungit nepi ka kumaha baé ogé sabab geus ngadarah-daging jeung kahirupan sapopoé, anu dipikamelang ku para inohong nyaéta beuki leungitna kecap-kecap dina kahirupan sapopoé, ayana anggapan ti lolobana barudak yén Budaya Sunda téh budaya tradisional atawa kuno, malah teu saeutik barudak anu teu apal kana budayana sorangan. Di lingkungan kulawarga, anu jadi indung leuwih loba anu ngagunakeun Basa Indonesia dina ngatik budak tibatan basa indung.

Di sakola ogé kitu, sok sanajan masih kénéh loba barudak anu ngagunakeun Basa Sunda Loma nalika ngalakonan paguneman jeung batur-baturna ngan geus leuwih ngajurus kana desktruksi basa, lain Basa Sunda Loma biasa tapi geus robah kana Basa Garihal atawa kasar. Digunakeunna lain ka sasama wungkul, ka saluhureun jeung ka jalma anu dipihormat ogé barudak geus wani ngomong garihal atawa kasar. Hartina, anu leungiteun tina Basa Sunda ayeuna salian ti déstruktif kana undak-usuk basa ogé beuki mérékpékanna wirahma jeung wiwaha basa. Kadieunakeunna urang saolah leungiteun ku hiji hal anu disebut étika Sunda.

Geus ilahar nalika aya hal samodél di luhur: sikep hariwang jeung kasieun beuki leungitna basa indung dina kahirupan, geus maksa pamaréntah sangkan boga sikep jeung “cara pandang” kana fénoména sosial anu lumangsung. Hartina masyarakat masih percaya yén pamaréntah bisa ngaréngsékeun ieu pasualan kalawan dikaluarkeunna régulasi atawa kawijakan. Genep taun ka tukang, Kota Bandung, ngaluluguan hiji program anu disebut Rebo Nyunda. Kang Emil ngajak –utamana ka para ASN – di wewengkon Kota Bandung sangkan ngagunakeun Basa Sunda dina tiap paguneman, malah kalimah sambutan (panganteur) dina tiap calagara ogé kudu ngagunakeun Basa Sunda dina tiap poé Rebo.

Kota jeung Kabupatén séjén anu aya di wewengkon Jawa Barat ogé ngalakonan hal anu sarua. Régulasi Program Rebo Nyunda jadi sabiwir hiji. Para inohong jeung élémén masyarakat anu mikareueus Budaya Sunda ngarasa léah jeung jembar hate, boga harepan: Basa Sunda tetep bakal nanjeur di masyarakat. Pamaréntah dina mangsa harita minangka “pioneer” dina raraga ngamumulé Basa Sunda sok sanajan masyarakat Sunda sorangan dina kaayaan kumaha baé tetep ngagunakeun Basa Sunda dina kahirupanna.

Dikaluarkeunna régulasi atawa kawijakan Rebo Nyunda dina taun 2013 di tiap wewengkon di Tatar Sunda mawa pangaruh kana unsur budaya anu séjén nyaéta pakéan jeung hal anu bisa jadi papaés diri. Sabab tugas pamaréntah jeung masyarakat Sunda anu sajatina lain ngan kudu ngamumulé basa wungkul, leuwih ti éta kudu ngamumulé jeung ngaraksa kana Budaya Sunda anu kawilang “kompléks”. Aparatur pamaréntah, guru-murid di sakola, malah masyarakat Sukabumi mimiti mikareueus ngagunakeun pakéan adat: pangsi, kabaya, iket, samping kebat, jrrd. Masyarakat Sukabumi geus henteu éra deui maké pakéan adat salaku ciri jati dirina. Sabab sababaraha taun ka tukang mah, pakéan adat mangrupa pakéan anu digunakeun dina waktu anu tangtu; nalika aya calagara, kariaan, atawa hajatan. Nalika aya jalma maké pangsi dina poé biasa sok langsung disebut ‘Teureuh Pajajaran”. Ayeuna mah pada arumaku hayang disebut “Teureuh Pajajaran” apanan?

Pangaruh régulasi Rebo Nyunda kana widang séjén salian pakéan jeung papaés diri nyaéta beuki mahabu urang Sunda anu bener-bener seurieus ngagali Kasundaan, hayang nepi ka akar-akarna, malah para inohong anu kawilang ‘fundaméntalis’ mah ngaguar Budaya Sunda téh nepi kana unsur Budaya anu bisa disebut “sénsitif” nyaéta kayakinan. Seniman-seniman Sunda ngaruliat deui, sebut baé ngoréjatkeun deui diri jeung wawanénna, rupaning kasenian dipintonkeun dina tiap kariaan arék di masyarakat atawa di instansi pamaréntah. Paguron-paguron silat anu heubeul jeung anyar biangkit deui, loba sakola ngahaja ngangkat guru paguron jadi guru silat di sakola. Pasanggiri-pasanggiri Budaya Sunda ampir tiap taun dilakonan.

Salian ti mawa pangaruh kana anu disebutkeun di luhur, henteu saeutik masyarakat anu ngalap untung dina widang ékonomi ku ngaronjatna Budaya Sunda. Toko-toko, distro-distro, padépokan, jeung “rumah makan” kasundaan jlug-jleg di Sukabumi. Rupaning aksésoris jeung pakakas kasundaan dijual di toko jeung distro Kasundaan. Geus puguh rupaning kadaharan mah, ampir tiap “rumah makan” Sunda dipinuhan ku anu ngadon dahar dina waktu reureuh digawé.

Mémang masih loba kénéh –urang Sukabumi sorangan – anu ngaluarkeun pananya: “ Ari budaya asli Sukabumi téh anu mana jeung naon?” Budaya asli Sukabumi tangtu baé moal béda jeung Budaya Sunda, sabab Sukabumi mangrupa bagéan anu aya di Tatar Sunda. Budaya asli Sukabumi geus pasti miboga ciri jeung jati diri Kasundaan arék tina pasualan kayakinan, basa, cara hirup jeung naon anu dihasilkeunna, seni, pakasaban (ékonomi), jeung sistem kamasyarakatan. Urang mah kari ngagali, ngaguar, jeung mapaés kana budaya Sunda anu aya, lain néangan budaya anu euweuh.

Posting Komentar

3 Komentar

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. Seratan-seratan di ieu rohang sarae. Kalintang ageung mangpaat saupami dijanggelekeun oge dina kalawarta/majalah, lajeng lebet ka sakola. Insyaallah ageung mangpaatna kanggo pembelajaran basa. Sok komo saupami masihan lolongkrang kanggo MGMP basa Sunda atanapi MGMP nu sanes kanggo ngiring ngadeudeul ngeuyeuban.
    🙏

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sapuk kn kang, insya Alloh kin urang rembugkeun sareng Bagian Humas Kota..

      Hapus