Somah Asup Ka Karaton



Seratan ieu arék ngajéntrékeun hiji pasualan anu aya patula-patalina jeung sikep méntal jalma anu geus kasipuh ku alam bawah sadar anu lilana mangratus-ratus taun. Ceuk sakaol, jauh saméméh ieu nagara ngadeg tina bentuk karajaan kana republik, karuhun-karuhun urang geus nanjeurkeun aturan jeung pakem dina ieu kahirupan, utamana dina pasualan sosial kamasyarakatan.

Saméméh ngadeg karajaan-karajaan, aturan sosial kahirupan anu diwangun ku karuhun urang nyaéta aturan-aturan anu sifatna komunalisme, lain komunisme! Aturan masyarakat komunal ngatur rupaning hal dina kahirupan anu midangkeun kakompakan, akur, sapamadegan, jeung paguyuban. Nalika aya pacogrégan antara saurang jalma jeung babaturanna langsung dicarék ku papatah: ulah paraséa bisi pajauh huma. “Pajauh huma” bisa dihartikeun papisah jeung bener-bener pajauh kampung matuh nepi ka lila-lila mah anu asalna antara individu jeung individu raket ku tali duduluran jadi asa ka deungeun-deungeun, hambar jeung cawérang.

Dina mangsa ngadeg karajaan mah aturan anu asalna mangrupa masyarakat komunal mimiti dijieun aturan anu bisa disebut konstitusional. Aturan henteu dibralkeun kusabab ayana konsénsus di masyarakat mangrupa norma jeung kabiasaan, tapi geus dijieun ku pihak anu boga pancén méréskeun pasualan kahirupan. Jalma-jalma anu boga pancén nyieun aturan ieu sabenerna tetep baé mangrupa lembaga hasil konsénsus balaréa. Masyarakat mercayakeun sagemblengna ka ieu kelompok anu kadieunakeunna ngawujud jadi pranata sosial anyar: karajaan, abdi dalem. Kadieunakeun ngawujud deui kalawan beuki kompléks jadi kasta atawa kelas sosial. Dina élmu sosial sebutan keur kasta, kelas sosial, stratifikasi sosial, klanisme, jeung ashabiyyah versi Ibnu Khaldun sabenerna saharti atawa sinonim kitu-kitu baé.

Kelas sosial antara abad ka 18 nepi ka abad 20 anu dijieun di masyarakat urang nyaéta ayana sebutan ménak jeung somah. Di wewengkon Jawa beulah wétan mah anu kungsi ditalungtik ku Clifford Geertz disebut kaum Priayi atawa gusti jeung kawula. Bralna aturan ieu mawa pangaruh kana norma, tradisi, jeung kabiasaan di masyarakat. Malahan kana basa anu digunakeun sapopoé ogé gedé pisan pangaruhna. Dina basa Sunda sahandapeun diperedih nyebut “abdi” ka saluhureun, di Jawa kudu nyebut “Kulo/kaula”, dina basa Malayu kudu nyebut “Sahaya/Saya”, di wewengkon Minangkabau kudu nyebut “Ambo/Hamba”.

Pangaruh anu paling utama ku ayana aturan anyar sanggeus leungitna kasta atawa kelas sosial di masyarakat nyaéta kabagina masyarakat kana dua golongan: cacah jeung ménak, somah jeung bangsawan. Kaum ménak mangrupa gusti-gusti anu boga pancén salaku khalifatullah di ieu wewengkon ngaluarkeun aturan atawa tata-krama kumaha sakuduna somah ngahurmat ka ménak. Dina mangsa karajaan-karajaan di ieu wewengkon hurmatna rahayat ka golongan Brahma, Ksatria lain kawengku ku getih anu ngocor dina diri tapi ku status sosialna jalma sangkan kahirupan teu pacorok-kokod. Mangsa transisi tina bentuk karajaan kana republik disebut mangsa “aristokrasi”.

Dina salah sahiji buku anu diserat ku Multatuli, Max Havelar disebutkeun kumaha kudu sembah sujudna rahayat di Lebak ka para ménak, sarua jeung sujud sungkemna rahayat Mesir jeung Yahudi ka Firaun sakumaha diguar dina kisah. Kudu sumujud saperti umat keur sujud di masigit. Rahayat biasa atawa somah jeung cacah kudu boga anggapan yén kaum ménak kudu dihurmat sakumaha rahayat hurmat ka gusti. Tangtu baé aya alus jeung goréngna. Alusna, kahirupan teu pinuh ku pacogrégan, ngan goréngna nalika anu jeneng jadi ménak téh jalma-jalma barangasan, licik, haus ku kakawasaan, mentingkeun diri jeung kulawargana, antukna anu lumangsung nyaéta rahayat ditindes jeung dilindes téh lain ku kaum kolonial wungkul, ogé dileyek ku bangsa sorangan.

Fase saterusna nyaéta ngawujudna nagara républik, wangunan anu dipikahayang ku ieu sistim nyaéta kabéh jalma anu ngeusi jeung hirup kumbuh di ieu wewengkon disebut rahayat (ro’iyyah), miboga tanggung jawab, pancén, hak, jeung kawajiban anu sarua. Nagara républik dina idena moal ngawilah-wilah jalma kusabab geutih anu ngocor, somah jeung ménak sarua baé. Konsép ieu sabenerna kungsi dikamandangkeun ku Siti Jenar atawa Syekh Abdul Jalil ku sebutan Manunggaling Kawula Gusti, ngan kadieunakeun konsép sosial ieu ujug-ujug dipindahkeun kana pasualan téologis.

Tetep baé dina prakna mah, kusabab dina génétika sosial jeung konstruksi fondasi kahirupan di masyarakat urang anu kacida panjang lalakonna, rupaning ide, konsép, kamandang, jeung naon baé anu aya patula-patali jeung pasualan sosial masih dipraktékkeun dina kahirupan. Malah ku ayeuna mah, meureun kusabab geus asup kana fase kaopat, sagala rupa geus sagulung-sagalang. Jalma beuki bébas jeung merdéka, sakarepna bisa milampah itu jeung ieu, ngaluarkeun eusi haté dina protés ka pamaréntah ogé tara diwengku deui, murah bacot jeung dapon engab.

Di sagigireun beuki laluasana jalma dina ngaluarkeun kamandang, teu saeutik masyarakat anu tetep mosisikeun dirina salaku somah lain rahayat. Masyarakat samodél kieu mangrupa rahayat anu bisa narimakeun kana tiap kaayaan, kumaha baé di bawana, malah aya babasaan: Lah, teu langkung anu dibarendo baé!. Sikepna ka papada teu weléh némbongkeun réngkak handap asor, tara kumawani unghak campelak atawa “kurang ajar”. Asup ka kantor désa, kelurahan, jeung kecamatan ogé teu weléh dédépéan. Kungsi kuring mah ngalaman nénjo aya saurang nini-nini asup ka kantor kecamatan tuluy ngalaan hela sendal. Babaturan aya anu heureuy nalika manéhna nepungan kuring: Punten ieu somah (cacah) badé ngadeuheus ka agan di karaton! Ku kuring dijawab: “Ah biasa baé!!!”


Opini Radar Sukabumi, 24 Juli 2019

Posting Komentar

0 Komentar