Soeka-Boemi

Awal ngaran "SOEKA-BOEMI" kawéntar ka luar Sukabumi tanggal 13 Januari 1815 ku administratur perkebunan anu ngaranna Andries Chistoffel Johannes de Wilde, urang Walanda anu bubuara di Sukabumi, néangan taneuh anu cocog keur perkebunan. Dina laporan panitenna, Andries Chistoffel Johannes de Wilde nuliskeun ngaran Soeka Boemi (dina dua kecap) salaku tempat ngendongna di Tji Collé.Dina méré ngaran Soeka Boemi geus tangtu miboga alesan; arék tékstual ogé kontéktual.Geus henteu kudu dicaturkeun deui, Soeka Boemi mangrupa hiji tempat anu katelah tiis, matak pikabetaheun sing saha baé anu hirup dumuk di ieu wewengkon. Sababaraha taun katukang mah aya istilah, "Sukabumi teu béda jeung kulkas gedé".

Nepi ka taun 1980-an katompérnakeun mah – ngeunaan kumaha tiis 'dinginna' ieu hawa di Sukabumi – euweuh saurang ogé anu boga rasa teu ngeunah ku kaayaan Sukabumi. Dina kahirupan teu pernah kadéngé aya ucapan atawa paguneman anu ngomongkeun, "Sukabumi ngelekeb, panas, jeung bayeungyang. Kabéh sapuk jeung sapamadegan, Sukabumi lir sawarga anu geus disayagikeun ku Alloh keur rahayatna.

Hal séjén anu mertélakeun kumaha tingtrimna Sukabumi – boh kota atawa kabupatén -, Sukabumi geus mincut sing saha baé kaasup salah saurang aktivis dina mangsa Orde Lama kumawasa, Soe Hok Gie. Gie nyubat-nyabit kaayaan Mandalawangi nalika wanci tunggang gunung., " Kabut tipis pun turun pelan-pelan di lembah kasih // lembah mandalawangi // kau dan aku tegak berdiri // melihat hutan-hutan yang menjadi suram // meresapi belaian angin yang menjadi dingin ''

Mémang teu pati loba literatur anu ngaguar sajarah Sukabumi ti jaman ka jaman. Bukti sajarah nyatet ngaran ieu wewengkon mimiti dipikawanoh ku urang deungeun dina taun 1815. Tapi, saméméh Walanda datang ka ieu wewengkon , kecap Sukabumi geus jadi wangkongan anu mindeng dibasakeun dina paguneman-paguneman sapopoé. Ku neuleuman widang linguistik bisa disusud kecap Suka jeung Bumi pasti geus loba diguar ku warga di ieu wewengkon. Ngan basa oral anu dicaturkeun dina kahirupan, teu dicatet komo diliterasikeun ku jalma-jalma jaman harita. Ieu lain hiji kasalahan karuhun-karuhun urang, da dina waktu harita mah tradisi oral mangrupa media anu dipaké dina kahirupan sapopoé. De Wilde nyebut Soeka Boemi tangtu lain saukur kahayang dirina sorangan, bisa dina hasil kamufakatan atawa konsénsus jeung lahir tina ayana wacana nu ngaguar Sukabumi saméméh taun 1815.

Sakapeung mah , urang - salaku warga Sukabumi sorangan – nganggap kurang penting ngaguar Sukabumi ku ngaliwatan risét atawa panalungtikan anu ngandelkeun rupa-rupa pangaweruh, téori nepi kana akarna. Sikep samodél kitu jadi sabab ayana pacékcokan - nu teu kudu dijieun cékcok sabenerna mah tapi kudu dilenyepan - kira saprak iraha Sukabumi ngadeg?

Ngurutkeun hiji sajarah hiji wewengkon mémang henteu sagampang néangan jarum dina jarami anu numpuk. Sajarah, niténan kana kecapna kalawan harti kamus mangrupa hiji tangkal anu boga akar, poko-tangkal, dahan, daun, nepi ka buah. Kusabab sajarah sorangan mangrupa salah sahiji élmu sosial geus tangtu henteu bébas niléy, aya tilu aseuk anu jadi tatapakan sajarah nyaéta; widang akademik, etik, jeung pulitik. Leuwih khusus, sajarah dipangaruhan ku kahirupan sosial masyarakat anu aya di hiji wewengkon. Ditambah ku téori-téori anu maheutkeun sangkan hiji kajadian bisa diasupkeun kana hiji sajarah; cindekna, hiji atawa kajadian anu geus lumangsung bisa disebut sajarah lamun mawa pangaruh anu gedé keur kahirupan jalma jeung lingkungan anu aya di sabudeureunna. Sok sanajan kitu, sababaraha panalungtikan basajan bisa mawa saha baé –utamana para sajarawan – keur nepi kana sajarah hiji wewengkon.

Umpamana, dahan-dahan sajarah ngeunaan wewengkon Sukabumi bisa dititénan dina carita-carita (stories), folklore, legenda, dongéng, jeung mitos anu tumuwuh di masarakat. Sabab, hiji carita atawa legenda diwakcakeun ku masarakat lain hartina euweuh, bisa baé mangrupa hiji hal atawa kajadian anu pernah lumangsung ngan teu dirojong ku fakta historis. Sok sanajan kitu, "alam bawah sadar" jalma sok narima legenda atawa carita-carita rahayat saolah mangrupa hiji kajadian anu kungsi lumangsung dina sababaraha waktu ka tukang. Carita anu sering diguar di masarakat Sukabumi saperti; Prabu Siliwangi pernah niis di sababaraha tempat anu aya di ieu wewengkon mindeng dibasakeun di masarakat. Malah aya carita, Prabu Siliwangi pernah ngalakonan tapa-brata di hiji guha di Kutamaneuh, nepi ka danget ieu, éta guha dibéré ngaran 'guha pajajaran' ku masarakat di dinya.

Sajarah hiji wewengkon henteu ngadeug kalawan 'mandiri', loba korélasi anu bisa dihubung-hubung, nalika Salakanagara ngadeug, kakawasaanna geus nepi ka wewengkon Sukabumi, hartina Sukabumi –sacara de facto - geus aya jauh saméméh ieu wewengkon dibetuskeun ku Walanda. Nénjo ka struktur kecap, Sukabumi diwangun ku dua kecap; Suka jeung Bhumi, bumi atawa taneuh anu dipikaresep.

Ku panalungtikan korélasi, kalayan niténan sumber-sumber buhun bisa ditarik hiji kacindekkan, budaya, sosial, jeung politik Salakanagara dina taun 150 M lain saukur nepi ka wewengkon Beulah kulon wungkul, ogé sumebar ka wewengkon beulah kidul jeung wétan. Dina buku Geographia, Ptelomeus nulis kamajuan jeung kamotékaran budaya jeung peradaban di Kota Agryre nyebar ti kulon nepi ka kidul jeung wétan. Budaya anu sumebar dina waktu harita nyaéta hiji kayakinan kumaha cara hirup runtut-raut antara manusa jeung alam, bumi anu dicicingan.

Kecap bumi, salian boga harti taneuh, dina kontéks anu séjén boga harti indung anu geus ngalahirkeun urang. Sukabumi lain saukur boga harti kalawan tékstual wungkul, lamun diélaborasi mah boga harti anu lega saperti; mikanyaah ka indung anu geus ngalahirkeun, nyusuan, jeung ngaping ngajaring diri urang. Sing saha baé anu dumuk di ieu wewengkon kudu boga sifat nyaah ka lemah caina.

Para sajarawan ogé sok manggihan masalah dina nguréykeun sagala rupa anu aya pakuat-pakaitna jeung Parahyangan. Beuki bias nalika panalungtikan anu kuduna miboga dua aseuk akademik jeung etik, dipaksa kudu boga aseuk séjén; politik jeung kakawasaan. Antukna loba sajarah anu dijieun ku sing saha baé anu jadi pangawasa harita, obyéktifitas ngaleutikan malah dileungitkeun. Masalah séjén anu beuki mahabu dina danget ieu nyaéta, kaluarna sikep étnoséntris, nalika Santos ngaguar Sundaland, pikiran urang Sunda langsung ngangreud kana Sunda salaku séké-sélér. Biasana, lamun geus asup kana wilayah ieu, anu ngaranna kamandang bisa jadi teu saimbang. Sajarah Parahyangan beuki hésé diudar ku saha baé ogé.

Cindekna, wacana, padungdengan, jeung diskusi ngeunaan asal-usul ngaran Sukabumi antukna bakal namper dina hiji pamikiran; masarakat bakal nampa naon baé hasil panalungtikan. Informasi/iber anu katarima ku masrakat lamun dina tanggal 1 April 1914 minangka poénan bralna Kota Sukabumi, bakal ditarima ku masarakat kitu bréhna.

Posting Komentar

0 Komentar