Sebutan Ka Guru

SAKAPEUNG  mah sok éra nalika panggih jeung batur di jalan pasampangan tuluy disebut Pa Guru, kahayang mah sebut baé ngaran atawa sebutan séjénna. Heueuh, matak kitu ogé meureun éta mangrupa ajén ti batur ka guru.

Lain kitu jeung éta wungkul. Henteu saeutik arék siswa atawa babaturan anu ngaheureuykeun kana sebutan guru. Babaturan saentragan kungsi aya anu ngomong: Badé ka mana Kang Guru? Maksudna mah nyebut Kanguru éta téh. Enya dijawab baé: Badé ka Ostrali.

Kuring jeung ampir kabéh anu maca ieu seratan tangtu kungsi jeung ngalaman sakola hela. Diajar ku guru anu miboga rupa-rupa karakter jeung pasifatan. Aya anu galak, sedeng, jeung kasebut bageur da tara nyarékan.

Guru galak biasana dieusi ku guru matématika jeung fisika. Sok disebut guru killer. Nalika ngajar leungeunna henteu leupas tina panghapus kai jeung panunjuk tina awi. Disebut killer salah sahijina sok korét kana méré peunteun. Salah saeutik, murid langsung diceprét atawa dicarékan.

Sabenerna alus, guru killer mangrupa guru anu bisa ngawangun mental barudak sangkan kuat. Kuring kungsi ngadéngé salah saurang guru ngomong kieu ka murid: Aduh manéh mah keur hirup pas-pasan jeung miskin téh bandel ongkoh, arék jadi naon setéh engkéna?! Mémang kadéngéna kurang mérénah, tapi nalika dilenyepan mah panyarék samodél kitu mangrupa dadasar ngabina mental dina widang militer.

Teu saeutik guru anu kasebut bageur, tara curum-caram, sumawona nyarékan ku kekecapan garihal mah. Biasana sok ngaguar pangalaman manéhna nalika saméméh jadi guru, ngomongkeun kapeurih hirup nalika sakola dina jaman gorombolan jeung komunis. Nyaritakeun pangalaman hirup, kudu dagang heula saanggeus sakola atawa mawa dagangan ka sakola.

Dina carita anu kungsi diserat ku Idrus, Open Harteg kungsi ngalaman jadi guru. Ka murid-muridna sok ngaguar pasualan, tiap pasualan ti A nepi ka Z, pasualan rumah tangga ogé di guar di kelas da ceuk anu jadi indung: jalma kudu bruk-brak, open, jeung jujur sabisa-bisa. Sikep Si Open anu jujur jeung sagala bruk-brak antukna ngagogoréng dirina sorangan ogé. Sa-sakola nyebut manéhna guru goblog.

Murid-murid tara kumawani unghak campelak ka guru ari lain di tukangeun mah. Sanajan katénjo nyalutak, sabenerna saukur ngaluarkeun déprési siswa kusabab ngarasa kateken nalika diajar. Siswa anu barangasan jeung baragajul ogé nalika paturay tineung mah moal bisa nahan cai panon kasedih jeung kabungah. Murid ogé jalma, aya mikirna.

Dua taun ka tukang, ampir kabéh murid lalaki di sakola tempat kuring ngatik jeung ngajar careurik, ménta hampura jeung sasadu sangkan kasalahan kanu jadi guru dihampura. Padahal teu kungsi boga pikiran lamun barudak boga kasalahan gedé ka kuring jeung guru séjénna.

Kuring ogé sok mikir, asa can pantes disebut guru. Nalika aya budak rada bandel meueusan, kuring sok ras kana pangalaman nalika jadi murid. Oh, meureun guru-guru kuring ogé kungsi nyanghareupan budak anu sarua sikepna jeung anu keur disanghareupan ku kuring. Kuring ogé jalma kungsi bandel di sakola.

Sok aya ogé guru anu ngomong: Duh barudak ayeuna mah asa leuwih angot barandelna dibangdingkeun jeung budak baheula! Ah, sabenerna mah sarua baé, da pasualan bandel jeung bangor mah kitu-kitu kénéh. Tarékah urang salaku guru sabenerna anu kudu bisa ngolah jeung ngokolakeun para pamilon atikan.

Barudak anu kungsi disentak, dibéré hukuman, jeung dititah sasapu di komplék sakola geus tangtu aya anu nyebut yén kuring mangrupa guru galak. Tapi teu saeutik ogé aya anu nyebut yén kuring mangrupa guru bageur, katénjona mémang subyéktif.

Anu jelas, sebutan naon baé keur urang salaku guru ti anu jadi pamilon atikan ulah ngalantarankeun jadi kurang sumangetna diri urang dina méré atikan, papatah, jeung ajaran ka barudak. Éta mangrupa jimat atawa cecekelan dina ieu kahirupan.

Posting Komentar

0 Komentar