Saba Kota



Kota boga pélét, kitu kira-kira. Bisa ogé disebut boga sihir, nya sebut naon baé, nu jelas teu urang lembur, gunung, jeung basisir loba nu mikahayang ulin ka kota. Pédah anu euweuh di kampung aya di kota? Ah, teuing, pokona urang lembur sok arulin baé ka kota, komo Saptu peuting.

Ngaranna ogé kota, puseur dayeuh, rupaning anu euweuh di lembur, nyampak di kota, utamana sarana hiburan, mall, jeung toko ogé ngabaris ngéntép. Disebut kota da mémang kitu bréhna. Patempatan anu bisa disebut saeutik leuwih maju tibatan kampung. Matak disebut urban ogé.

Kaayaanna leuwih hétérogén, pacampur, kompléks, ngan anu dipintonkeun ku sing saha baé anu araya di kota lain nanaon, sanajan padedet ku jalma, tapi transaksi sosial jeung hubungan personal mah teu pati kaciri, anu aya lolobana transaksi ekonomis.

Jarang lamun ngahaja nyaba ka kota, terus ngadon leuleumpangan aya anu nanya: badé kamana, Jang? Ari lain kunu wawuh. Paling ditanya ku calo emas: Badé ngical emas?. Malahan, pananya calo emas ogé sok diapilainkeun, tara dijawab: Moal, cukup ku -saolah- teu ngadéngé baé. Tah kitu kaayaan di kota mah.

Macét mah lain caturkeuneun, sok sanajan Sukabumi kawilang kota leutik ogé ari pasualan kamacétan mah nya ampir ngimbangan kota-kota gedé. Komo dina bulan anu tangtu samodél bulan puasa, ngaranna macét lain kandaraan wungkul, jalma ogé heurin usik pagelek-gelek minuhan jalan, tumplek kabéh. Dina kaayaan macét samodél kitu, dangdan di jero mobil ogé teu jadi sual.

Komo di kota-kota gedé samodél Jakarta meureun. Tempat hirup jalma téh lain saukur di imah jeung di pagawéan, ogé geus ditambahan ku di jalan. Lamun dina sapoé, macét merelukeun waktu rata-rata nepi ka 3 jam, hartina ± 10% kahirupan jalma dibéakkeun di jalan.

Keur mangsa budak ku anu jadi kolot diajak ulin ka kota. Malum budak, nalika jrut turun ti jero angkot téh langsun ngadon luha-loho kawas jalma boloho. Hélok ku sagala rupa anu aya di kota. Balik ti kota, naon anu katénjo salila di kota langsung diomongkeun kanu jadi babaturan.

Ku ayeuna, kusabab budaya geus beuki robah, kamotékaran hirup bisa diaksés langsung. Wewengkon pasisian kota anu disebut rural-urban geus ngawujud jadi kampung satelit anu mimilu kana kaayaan di kota. Di wewengkon Baros jeung Lembursitu baé geus aya warung anu muka 24 jam, ritel-ritel aya tiap parapatan jalan, cara hirup ogé geus cul kana wanci, pertamini-pertamini minangka prototipe POM bénsin geus nyampak,jrrd.

Budaya paguyuban ogé geus kalindes ku budaya patembayan. Jadi, jejer anu sabenerna mah lain urang lembur Saba Kota, tapi Budaya Kota Saba Lembur.

Posting Komentar

0 Komentar