Pupujian


Salaku umat Islam, tangtu baé kecap pupujian lain hiji hal anu anéh keur urang. Dina buku pangajaran Basa Sunda, pupujian geus dijadikeun jejer malah aya wacana anu ngaguar ti mimiti harti nepi ka jinis rupa pupujian. Sok komo dina hirup kumbuh masyarakat Sunda, jigana anu disebut pupujian geus sagulung-sagalang marengan kahirupanna.

Kalawan dénotatif atawa harti saujratna, pupujian mangrupa kalimah thayyibah (anu alus) disusun ku para kyai –malah bisa baé seniman - , dicatut tina kalimah solawat, dunga, sarta anu aya patula-patalina jeung babacaan. Pupujian dihaleuangkeun jeung dilagukeun dina wanci anu pasti, biasana wanci janari disebut tarhim, saméméh adzan jeung solat, jeung dina pangajian minggonan.

Teu saeutik jinis rupa pupujian ngan tiap pupujian tangtu baé boga eusi mangrupa pépéling ti jalma ka jalma sangkan leuwih deukeut atawa ngadeukeutan kana kaalusan, kaditunakeun mah kanu geus nyiptakeun urang. Dumasar kana sajarah sumebarna Islam di ieu wewengkon, pupujian mangrupa tradisi anu digunakeun ku para wali jeung kyai keur mincut masyarakat anu geus maju dina widang kamotékaran hirup (salah sahijina kasenian).

Teuing sabaraha pupujian anu kungsi diciptakeun ku para wali, sebut baé contona syiir jeung pupujian ciptaan Sunan Kalijaga: lir ilir, iling-iling, macapat Sunan Kalijaga, jrrd. Di masigit wewengkon Jawa beulah wétan pupujian Sunan Kalijaga masih dihaleuangkeun ku masyarakatna. Malah, Sunan Kalijaga jeung para wali séjénna nyiptakeun pupujian téh lain saukur dibaca saméméh solat ogé dina kariaan-kariaan séjén. Ku masyarakat urang antukna sok disebut jampé jeung jangjawokan.

Dijieun jeung diciptakeun pupujian ku para wali jeung kyai geus pasti miboga maksud jeung tujuan. Kusabab pupujian mangrupa salah sahiji jinis kasenian, maksud jeung tujuan ayana pupujian lain saukur ngélingan ogé keur ngageuing jeung ngahudangkeun rasa dina diri jalma. Henteu anéh, sing saha baé kungsi ngalaman hiji kaayaan pagalona rasa dina diri, waas, sedih, bungah, nineung, jeung pikiran kumalayang nalika ngadéngé pupujian dibacakeun di masigit.

Para wali jeung kyai henteu sagawayah dina nyiptakeun pupujian arék wirahma jeung wiraga-na. Dina nyiptakeun pupujian, jampé, jeung babacaan para wali jeung kyai milampah hela hal-hal saperti; tirakat, dzikir, Samadhi, jeung kontémplasi sangkan pupujian anu dihasilkeun bener-bener ngeusi lain saukur kawéntar atawa populér saharitaeun. Disebut ngeusi nyaéta boga eusi jeung ngeusian rohang haté jalma, ku istilah ayeuna mah bisa disebut keur ngarefrésh diri urang.

Kamajuan jeung kamotékaran dina sagala widang kahirupan –dumasar kamandang para ahli- geus mawa jalma kana dua pasualan; kamajuan fisik jeung beuki mundurna ruhani atawa spiritualitas. Hal ieu ngalahirkeun pasualan anyar anu disebut déprési global, mawa pangaruh kana cara hirup, haté longkéwang pinuh ku kamelang, kasieun, kapaur, jeung gegebegan. Jalma jaman kiwari nyebut kaayaan kieu ku sebutan: “stress”.

Rupa-rupa tarékah arék cara konvénsional-tradisional atawa modern-rasional diciptakeun keur ngaleungitkeun pasualan di luhur. Di nagara deungeun diwangun tempat-tempat keur nenangkeun diri, keur ngarefrésh batin, térapi-térapi dilakonan kalawan waragad lain lumayan. Buku-buku jeung seratan anu eusina cara ngaleungitkeun déprési dikarang ku para psikiater jeung ahli kajiwaan, ngalayah di toko-toko swalayan. Ngan anggeur baé, ku beuki lobana térapi jeung buku-buku kajiwaan lain ngaleungitkeun stress, malah ngahasilkeun déprési anyar sabab jalma ditungtut kudu itu jeung ieu.

Keur masyarakat anu aya di ieu wewengkon, para wali jeung kyai geus nyiapkeun tarékah antisipatif cara nyinglar panyakit kajiwaan anu karandapan ku masyarakat modérn. Tarékah anu kacida basajan, teu merlukeun waragad mahal, ngan ku sikep aya kahayang. Térapi jeung ngarefrésh diri anu sifatna umum diciptakeun pupujian, térapi anu sifatna keur pribadi diciptakeun babacaan khusus anu disebut wiridan. Sagala rupa pasualan dina kahirupan geus disiapkeun jawaban atawa solusina, ngan urangna baé anu embung nyaho atawa teu hayang nyaho.

(Kang Warsa)

Posting Komentar

0 Komentar