Poénan Pasar

Tilu nepi ka sapoé saméméh lebaran –malah kadieunakeun mah saminggu deui ka lebaran- anu ngaranna pasar geus mahabu ku jalma, boh pasar tradisional atawa pasar modérn. Kanyataan sosial modél kieu mangrupa tradisi anu matuh tiap bulan puasa katompérnakeun ti taun ka taun, jigana ti saprak Islam sumebar ngawujud jadi masarakat  komunal di ieu wewengkon.

Masarakat Sunda tara lieur keur nyebut kaayaan samodél kieu, disebut baé poénan pasar, poé nalika pasar dipinuhan ku jalma-jalma anu baralanja kaperluan lebaran. Henteu kolot henteu budak, lalaki awéwé tumplek blek minuhan dayeuh. Pulah-pilih kaperluan lebaran dina widang papaés diri: pakéan, sapatu, sendal, samping, kopéah, mukena, nepi ka sajadah.

Atuh dina widang kadaharan dibeuli rupaning dahareun ti mimiti kuéh anu dikaléngan, dikéleran, diplastikan, nepi ka kuéh anu sabenerna bisa dijieun di imah. Tapi da embung riweuh dua kali, pokona kari dibeuli, bayar baé sanajan mahal, pajangkeun dina méja, arék didahar ogé nyaah da niatna keur dahareun dina poé lebaran.

Kanyataan ieu lain nuduhkeun umat Islam kadedemes, tapi éstu mangrupa kabungah dina diri keur nyanghareupan poé anu dianti-anti, poénan nalika jalma-jalma dibersihkeun deui tina dosa perdosaan ku anu Maha Kawasa. Aya éta ogé sawaréhna jalma anu nyebutkeun kalakuan kitu sabenerna teu diperedih ku agama, sarua baé jeung henteu bisa ngandali nafsu atawa kahayang. Ngaranna ogé jalma arék suka bungah, disebut cacarékanan baé.

Pikiran masarakat Sunda mah basajan,  anu penting dina waktuna lebaran saruka bungah, make baju weuteuh, balakécrakan ngadahar kupat jeung opor daging. Moal bisa diulah-ulah sanajan ku dalil “jadi jalma kudu ngarasa cukup kunu aya”. Éta mangrupa ciri khas masarakat di Nusantara. Kalawan énteng bisa diangles ku kalimah: “ Ah, da ngan sataun sakali, pepeuriheun atuh dina bulan séjén teu bisa balanja itu ieu, atuh dina raraga mapag lebaran mah naon salahna?” Euweuh kabingung!

Ku raména pasar dina tungtung bulan puasa ieu –keur diri kuring mangrupa hiji kabagyaan-, naon sababna? Raména pasar nandakeun masih ayana kahirupan, nandakeun masih jauhna kana kajadian kiamat sakumaha anu kungsi diprédiksi ku Kanjeung Sunan Kalijaga: salah sahiji ciri akhir jaman nyaéta nalika pasar geus tiiseun, sepi tina silih tawar. Tangtu baé pasar anu dimaksud nyaéta pasar tradisional, da ari di pasar modérn mah kabéh harga barang geus dibandrolan, ditaékkeun harga dina bandrolna ogé asa can pernah aya anu balanja wani nawar ka kasir supermall.


Posting Komentar

0 Komentar