Lebaran: Silih Anteuran Kadaharan



Sabenerna kaayaan lebaran arék di lembur atawa di dayeuh keur ukuran mangsa kiwari anu disebut jaman Revolusi Industri 4.0 geus teu jauh béda, nya sebut baé ampir sarua. Hal ieu kaciri jeung bisa katalingakeun ku urang dina foto anu ‘diupload’ kana média sosial, asana teu jauh béda kaayaan lebaran di lembur jeung di dayeuh. kari-kari keur ukuran Sukabumi mah anu disebut dayeuh téh da lain dayeuh sakumaha anu dibayangkeun saperti Jakarta atawa kota gedé séjénna.

Lebaran mangtaun-taun ka tukang, kumaha kaayan lebaran di lembur jeung di dayeuh masih bisa dibédakeun sakumaha anu dibolékérkeun ku téori-téori sosial ayana kahirupan gammeinschaft (paguyuban) di lembur jeung kahirupan gesselschaft (paburincai) di dayeuh.

Ferdinand Tonnies mémang henteu ngébréhkeun kahirupan nalika lebaran di lembur atawa di dayeuh dina kamandangna ngeunaan téori kahirupan masyarakat, ngan sahenteuna dua kaayaan tadi bener-bener mawa pangaruh ka dua masyarakat (lembur jeung dayeuh) dina tiap réngkak kahirupanna.

Sebut baé lebaran dina taun 80 nepi 90-an, dina mangsa ieu masih kaciri kumaha bédana kaayaan lebaran di lembur jeung di dayeuh. Kuring moal loba ngaguar kaayaan lebaran di dayeuh, da puguh teu kungsi ngalaman jadi urang dayeuh tug nepi ka kiwari ogé, ngan saukur ngaliwat wungkul ka dayeuh téh.

Sapoé saméméh lebaran, dina poénan takbiran, antara papada masyarakat geus silih anteuran kadaharan, anu digunakeun nyaéta rantang kaléng, kabéhdieunakeun mah aya rantang alumunium. Silih anteuran kadaharan geus jadi kabiasaan, malah bisa disebut tradisi di lembur, tujuanna mah silih asaan, hayang pisan kadaharan kaasaan ku anu jadi tatangga.

Sanggeus eusi rantang dieurihkeun, saterusna dieusian deui ku kadaharan hasil oléh ti jalma anu tadi dikiriman kadaharan, babakuna mah mulang tarima. Moal bisa diulah-ulah éta téh.

Silih anteuran kadaharan keur masyarakat biasa antara hiji tatangga jeung tatangga séjénna mah teu bisa disebut anéh, da biasana silih anteuran téh geus pasti jeung tatangga atawa masarakat anu deukeut hela. Dina lain ka tatangga ogé pasti ka dulur sanajan béda lembur.

Aya ogé anu silih anteuran kadaharan téh kusabab hal anu disebut husus, lamun ngagunakeun term kaIslaman mah Khowash atawa Khususul Khusus lah, nyaéta silih anteuranna kadaharan pibésaneun ka calon minantu, ti calon bésan ka bésan. Rantang anu dipaké ogé tangtu baé rantang husus anu ukuranna leuwih gedé dibandingkeun rantang biasa. Kadaharan anu dieusikeun kana rantang ogé lain saukur daging lima kéréhél, bihun, jeung kentang, ieu mah sok ditambahan ku rupaning kuéh, dagingna ogé ngahaja rada baradag keureutanna.

Hal di luhur mangrupa tanda maheutkeun sangkan dina bulan syawal antara si Jalu jeung di Donto bisa ngawangun rumah tangga nepi ka laki-rabi. Ku Bunyamin S mah apan dilagukeun: “Eh Jangan Menangis Aje.. Bulan Syawal dikawinin!”.

Sikep daék silih anteuran jeung babagi kadaharan masarakat lembur henteu ngawujud kitu baé, hal ieu mémang dipangaruhan ku kabiasaan séjén masarakat lembur dina nyanghareupan lebaran kucara nyieun rupaning kadaharan saminggu saméméh lebaran. Anu disebut kuéh kering ogé bisa nyieun nepi ka lima kéler, dodol tilu nepi ka lima léter, jrrd.

Kusabab kadaharan anu dijieunna ogé rupa-rupa jeung medah-meduh nya tangtu baé henteu lebar dibagikeun ka tatangga da kuéh lebaran mah lain kuéh pajangan atawa kuéh deléh. Dina nyieun jeung ngolah kadaharan jeung kuéh ogé tara sosoranganan, anu jadi tatangga pasti babantu ku tanaga, malahan sok nawarkeun diri: “ Bilih peryogi bantosan?”, dekul baé ngagalokeun dodol anu dijieun dina katél badag, suluh bisa béak satanggungan.

Laju jaman, keuna ku usik jeung malikna kabiasaan, aya anu robah dina cara sok sanajan eusina mah kitu-kitu kénéh. Rantang kaléng jeung rantang alumunium geus diganti ku rupaning wawadahan tina plastik sebut baé Tupperware, malahan aya wadah meunang meuli ti Ikea, bener rada mahal nakeran.

Sapoé saméméh lebaran, arék di lembur atawa di dayeuh geus henteu némbongkeun deui kabiasaan silih anteuran kadaharan dina rantang. Geus diganti ayeuna mah ku anu ngaranna Pakét Lebaran, Bingkisan, atawa Parsel.

Sawaréhna aya anu disebut arisan parsél, masarakat anu milu arisan bakal kabéré parsél, eusina kuéh jeung rupaning inuman, lebar dibukana ogé nya antukna diteundeun baé dina méja bahan keur ténjoeun. Meureun boga sangka ngan diténjo ogé bisa nyebeuhkeun. Ulah keur batur, keur dirina sorangan ogé ngadadak jadi kumed. Ayeuna geus jarang deui ranginang diwadahan kana kaléng Khong Guan, da rupaning kuéh kaléng mémang geus mahabu, béda-béda mérék ongkoh.

Posting Komentar

0 Komentar