Déwan Kesenian Kota



Ti saprak réformasi, masyarakat geus miboga deui sihung. Hartina kamerdékaan dina midangkeun jati diri jeung tagogna sorangan bener-bener bisa ngawujud dina kahirupan. Teu bisa dihahalang deui, arék ku sistem, aturan, sumamona ku jalma séjénna.

Tangtu baé boga dua balukar atawa akibat. Hadé jeung goréng. Boga balukar anu alus nalika kamandang, éksprési, jeung pikiran kaluar ti jalma atawa lembaga anu miboga niat alus dina ngamajukeun arék ku cara inovatif atawa ngamumulé budaya, seni, jrrd dina ieu kahirupan.

Balukar anu kurang alus dina beuki mahabuna jeung mardikana jalma atawa masyarakat dina ngaluarkeun kamandang salah sahijina nyaéta: dina kahirupan jadi hambur bacot, murah bacot, sagala diomongkeun, tiap pasualan anu sakuduna dibéréskeun ku dibarengan akal anu séhat jeung sirah anu tiis jadi sabalikna. Basa kasarna mah: kumaha déwék jeung kumaha aing wé!

Dina sawatara taun, antara taun 2013 nepi ka 2015, kuring diajak salah saurang babaturan sangkan jadi jalma anu kudu milu aub jeung ‘jabung tumalapung’ di hiji lembaga atawa wadah anu boga niat hadé, ngamajukeun, ngamumulé, jeung mintonkeun seni lokal, seni tradisional, jeung rupaning pasualan seni séjénna anu aya di wewengkon Sunda. Bisa disebut, wadah seniman ti sagala rupa widang anu dibéré ngaran Déwan Kesenian Kota (DKK).

DKK sorangan, dina mimiti makalangan di wewengkon Sukabumi masih bisa disebut orok beureum kénéh. Malahan, henteu saeutik jalma-jalma anu ilubiung dina éta wadah –salila dua nepi ka tilu taun mah- miboga sikep haré-haré. Tangtu baé ku sikep haré-haré ieu lain hartina ieu wadah diantep sina ngancleung ka ditu ka dieu kawas ‘sarah’ anu kabawa palid.

Sabalikna, sikep haré-haré ieu malahan geus nimbulkeun kasadarana anyar, yén Kota Sukabumi bener-bener dieusi ku jalma-jalma anu miboga pangabisa, kahayang, jeung talénta keur ngaronjatkeun seni jeung budaya lokal di ieu wewengkon. Hartina, wadah anu disebut Déwan Kesenian Kota kudu bener-bener dikokolakeun kalawan daria.

Geus katarénjo jeung mimiti enyany-enyanyan deui ayeuna mah. Rupaning paguyuban, padépokan, jeung warga masyarakat anu mikareueus kana seni jeung budaya lokal némbongkeun diri. Nénjokeun diri lain harti boga sikep adigung, leuwih ti éta hayang mintonkeun malah midangkeun ka masyarakat Sukabumi yén bangsa urang ogé miboga warisan anu pohara.

Cenah mah keur ngajawab sababaraha pananya jeung jejer anu eusina: Kamarana urang Sunda? Atawa geura hudang urang Sunda! Nya antukna mah urang Sunda sorangan jeung masyarakatna ogé teu kudu digeuing-geuing baé, harudang sorangan, ngaruliat, jeung mimiti saladar.

Ngaranna ogé karék harudang, jadi henteu kudu digeureuh-geureuh nalika henteu saeutik urang Sunda jeung masyarakat anu ujug-ujug némbongkeun diri. Rupa-rupa dipidangkeun cenah ieu anu disebut budaya Sunda anu asli mah, jeung sawaréhna deui aya anu ngomong, tah Sunda mah anu ieu. Henteu kudu jadi pacékcokan da ngaranna ogé urang Sunda karék harudang deui. Bisa jadi masih kénéh lulungu jeung cacapa.

Ngan tangtu baé, dina mangsa ka hareup, nalika lelembutan geus ngumpul deui, ngahijina antara jasad, roh, jeung rasa, urang Sunda bakal bener-bener sadar kana budaya Sunda anu sabenerna. Dina henteuna ogé rupaning budaya anyar bakal bral dina ieu kahirupan. Hartina, dina wewengkon budaya mah teu kabeungkeut ku aturan-aturan anu heureut, pakem jeung tetekon anu salila ieu aya dina wewengkon budaya nyaéta: Kabéh ogé ngalaman robah, bisa nambahan atawa ngurangan, jeung bisa ogé tumpur ludes.

Aya pacékcokan atawa pacogrégan saeutik, ceuk pikiran kuring masih bisa disebut wajar sabab urang Sunda masih lulungu, apanan karék hudang téa. Umaku yén kuring salaku pionir jeung jalma anu pangheulana numuwuhkeun deui budaya Sunda éta pisan sikep anu kurang sapagodos jeung jati diri Sunda .

Kabéh ogé keur lumampah dina hirup mah. Kuring percaya kana hiji kamandang anu nyual: dina mangsana, bangsa urang bakal panggih deui jeung hiji wanci anu disebut mangsa kadigjayaan. Keun baé disebut kamandang utopis ogé. Sahenteuna, jalma kudu boga harepan jeung cita-cita, nganjang ka pagéto bari dibarengan ku ihtiar keur ngawujudkeun deui jati diri Sunda sangkan makalangan deui dina ieu kahirupan.

Déwan Kesenian Kota anu diluluguan ku salah saurang sobat kuring, lain hiji wadah keur misahkeun diri jeung wadah-wadah atawa komunitas anu geus araya jeung katénjo hasil gawéna dina raraga ngamajukeun jeung ngamumulé budaya Sunda. Tapi kudu jadi hiji wadah anu ngahijikeun sagala rupa pasualan seni, budaya, jrrd di ieu wewengkon. Kuring –salila ieu boga kayakinan- kabéh jalma boga niat anu alus keur ngamajukeun dirina, kotana, jeung wewengkonna sorangan utamana tatar Sunda ku carana séwang-séwangan.

Posting Komentar

0 Komentar