Abah Iti jeung Kendi Cai

Sababaraha bulan ka tukang, kuring diajak ulin ka pasantrén Al-Muslim, Tegal Jambu, Kecamatan Lembursitu ku anu jadi babaturan, sebut baé ngaranna Uwa Pipik. Disebut Uwa lain pituin uwa kuring, tapi sebutan keur sing saha baé atawa jalma anu geus kawilang deukeut. Henteu kolot atawa budak geus pasti disebut Uwa di wewengkon Sukabumi mah.


Ponpes Al-Muslim, Lembursitu

Raména kecap uwa saheuleut jeung mindengna ieu kecap dipaké ku barudak Pajampangan dina film-film dubbingan: Uwa Téré. Sababaraha taun ka tukang kungsi diserat hiji opini ngeunaan trén sosial anyar mindengna kecap Uwa digunakeun deui ku masyarakat millennial.

Pasantrén Al-Muslim dikokolakeun ku hiji ajengan ngora, masih bisa disebut sataragan jeung kuring nyaéta Kang Yusuf. Ku masyarakat di Tegal Jambu biasa disebut ustadz atawa kyai. Kaayaan wangunan pasantrén masih mintonkeun hal basajan, tempat barudak ngaji (majlis) mangrupa wangunan panggung tina awi.

Lebakkeun majlis aya hiji saung, sarua mangrupa wangunan basajan tina awi, ku jalma modéren sok disebut bungalow. Para santri sok langsung nempatkeun sémah anu datang ka ieu pasantrén ka wangunan panggung.

Babaturan nitah salah saurang santri sangkan néang hiji kolot, ngaranna Abah Iti. Kurang sapuluh menit, torojol hiji kolot datang ka pasantrén, dedegan masih bisa disebut jag-jag. Ceuk pangakuan dirina, umur geus nincak 93 taun. Kuring ngan bisa gogodeg, umur sakitu masih waringkas lamun dibandingkeun jeung jalma lain anu saumuran jeung Si Abah.

Ngan diselok ku pananya: kumaha kaayaan Sukabumi nalika abah masih anom? Derekdek Si Abah ngaguar carita minangka pangalaman hirup dirina ti A nepi ka Z. Kungsi kasaksian ku Abah Iti, kumaha jagona kolot-kolot di wewengkon Sukabumi saméméh alam kamerdékaan. Anu mindeng disebut ku Abah Iti nyaéta Ama Ujang (alm), pituin urang Balandongan.

Moal aya hiji dua kolot anu dipikolot jeung sakti kawas Ama Ujang mah! Ceuk Abah Iti. Peledug haseup kaluar tina liang irung. “ Moal aya lah, komo barudak ayeuna, jauh kudu bisa nandingan kasaktén Ama Ujang! Ngubaran jalma gering ogé cukup ku cai hérang”. Pokna ka kuring.

“ Ieu mah dina mangsa gorombolan, moal aya jalma anu kumawani ngulampreng ka gunung landeuheun Cipeueut, euh Ama Ujang mah atuh nikreuh baé ti Balandongan ka kebon, balik téh wanci panon poé tunggang gunung!”

Umur 93 taun bisa disebut kacida kolot lamun dibandingkeun jeung rata-rata umur jalma mangsa kiwari. Ditanya naon resép sangkan umur bisa nepi ka saabad Abah Iti rada jebi, jigana nya kersaning Alloh Anu Maha Kawasa baé.

“ Mémang aya sababaraha hal anu dilakonan waktu abah ngora kénéh, ngadahar lalab, unggah jeung turun gunung, ka mamana teu weléh leumpang.” Pokna sabari kunyam-kunyem. “ Ngan moal aya jalma anu bisa kawas Ama Ujang! Puasa unggal poé, tah matihna pangarti kolot baheula téh di dinya jigana, Jang!” Tambahna keukeuh anu disebut ku Abah Iti nyaéta Ama Ujang.


Kendi Cai Sukabumi

Kuring nanya deui ka Abah Iti ngeunaan Kendi Cai anu dipasang luhureun gapura alun-alun Kota Sukabumi. Naha kendi? Manéhna seuri konéng. “Kendi… bisa jadi aya hubunganna jeung kajadian mangsa Sukarno (Bung Karno) datang ka Sukabumi.” Pokna téh. Di  Lapang Merdeka ayeuna, baheula kungsi aya hiji tangkal caringin gedé.

Saméméh katohyan ku Sukarno mah sugan aya masyarakat anu nénjo kana kendi cai, pernahna nyempod pisan palebah akar caringin. Kendi cai dicokot ku Bung Karno, jigana diteundeun di Istana Nagara.

Ceuk pangakuanna, Abah Iti nénjo pisan éta kendi dicokot ku Bung Karno, malah masih kénéh kaimplengkeun akar caringin anu legok ngabentuk kendi cai saméméh caringin di Lapang Merdéka dituar.

Ceuk Abah Iti mah masyarakat urang mémang kurang tatalépa harita téh. Kawas anu embung nyaho kana barang jeung pusaka anu jadi panjeur wewengkonna. Meureunan, duméh harita mah masyarakat embung pati nyaho kana pasualan basajan. Ayeuna, bisa jadi kendi cai anu dijadikeun ikon Kota Sukabumi bakal pada naréangan deui.

Kaayaan masyarakat harita tangtu henteu jauh béda jeung urang anu hirup dina mangsa kiwari. Masyarakat ayeuna, utamana urang tangtu teu boga anggapan lamun barang-barang jeung naon baé anu aya dina mangsa kiwari bakal jadi bukti sajarah jeung pada naréangan ku jalma-jalma dina saratus taun ka hareup.

“ Téang baé ka Istana Negara atuh kendi cai mah, da sidik dicokot ku Bung Karno harita téh.” Ceuk Abah Iti mungkas caritaan.

Posting Komentar

0 Komentar