Puasa di Lembur: Tanggal Lilikuran



Geus langka atawa jarang digunakeun deui istilah lilikuran keur nuduhkeun itungan; arék tanggal atawa naon baé. Lilikuran mangrupa itungan ti angka dua puluh hiji nepi ka dua puluh salapan. Contona angka dua puluh hiji disebut salikur, ngan khusus keur angka dua puluh lima mah sok disebut lima likur atawa salawé. Mangsa kiwari, itungan geus cukup ku nyebut angkana baé kalawan matématis. Jigana hal ieu dipangaruhan ku pangajaran di sakola anu nerapkeun Standar Internasional dina nyebutkeun itungan jeung angka.

Keur anu ngalakonan puasa - dina taun 80-an - nalika ngadéngé kekecapan: puasa geus asup kana tanggal lilikuran téh sok bungah pacampur jeung sedih. Lain bungah kusabab puasa téréh bérésan, ogé lain sedih duméh keur nyanghareupan lebaran can kabeuli baju dulag. Bungah kulantaran umat Islam arék panggih jeung poénan utama, disebut “Hari Kemenangan” anu disebut lebaran. Sedih kusabab salila puasa, urang can pati bisa ngalakonan puasa sakumaha anu dipiharep. Kabungah dina diri masarakat dina tanggal lilikuran bulan puasa dipintonkeun ku tradisi jeung kabiasaan anu alus. Sapuluh poé saméméh lebaran masarakat geus cuh cih usukan-asakan rupaning kadaharan utamana kuéh. Sagala rupa kuéh dijieun, arolah di dapur, aya anu ngagalo dodol béas, wajit, kuéh pala jeung gedang, jeung kuéh ‘kering’. Éta dina widang kadaharan.

Salian ti kadaharan, kabungah téa dipintonkeun ku masarakat kucara nyiapkeun papaés diri, baralanja baju atawa pakéan anyar ka pasar, ka puseur dayeuh. Toko pakéan geus tangtu metet dipinuhan ku anu baralanja. Da kabéh bener-bener hayang mintonkeun kabungah dina waktu lebaran. Geus puguh barudak mah, teu kaop nénjo babaturan saentragananna geus dipangmeulikeun baju ku anu jadi kolotna pasti meredih ka indung-bapa sangkan manéhna buru-buru dipangmeulikeun pakéan anyar keur lebaran.

Aya éta ogé anu ngomong: henteu kudu maksakeun nyieun rupaning kadaharan, sagala diaya-aya, baju atawa pakéan kudu weuteuh, da lain éta anu dipiharep ku agama dina nyanghareupan datangna lebaran mah. Papatah samodél kitu mémang henteu salah, tapi masarakat mémang geus boga cara kumaha maranéhna meuli kabungah salaku jalma-jalma anu mikareueus kana agamana sorangan. Pokona, lamun bulan geus asup tanggal lilikuran masarakat geus tatahar nyiapkeun sagala rupa dina mapag lebaran, ti mimiti kadaharan, pakéan, jeung ngecét imah.

Sababaraha taun ka tukang kungsi aya babaturan anu ngomong kieu ka kuring: “ Anéh, tiap bulan puasa téréh réngsé geus pasti masigit beuki saeutik ku jamaah anu tarawéh, pasar jeung super-market anu pinuh, pagelek-gelek anu baralanja”. Sabenerna kaayaan atawa fénoména sosial saperti kitu lain hal anéh, da mémang geus jadi kabiasaan malahan bisa kasebut geus ngadarah-daging di masarakat. Ti baheula malahan kaalaman ku urang-urang pisan kanyataan hirup saperti kitu téh. Lain hal anu salah, anu paling utama dina kabiasaan éta sahenteuna masarakat (umat Islam) masih némbongkeun jeung bener-bener dina nyanghareupan lebaran téh dibarengan ku kabungah. Sok sanajan éta kabungah kudu dibeuli ku harga anu mahal, kudu dibeuli ku duit hasil meunang unjam-injem, atawa dibeuli ku duit hasil tina ngajual naon baé.

Katerangan Photo:
Gampar kupat (Tribunnews)

Posting Komentar

0 Komentar