Puasa di Lembur: Silih Séréd

Eweuh anu béda prak-prakkan solat tarawéh antara umat Islam sok sanajan béda madzhab anu dicekel. Ngan béda dina jumlah rokaat jeung gancang launna prakna tarawéh. 

Di Indonésia, kusabab kalolobaanna nyekel madzhab Syafi’i, jumlah rokaat solat tarawéh geus tangtu 20 rokaat ditambah 3 rokaat solat witir. Sawaréhna aya anu sawelas rokaat.

Arék jumlah rokaat mana baé anu dipaké tangtu bener, da duanana miboga dasar jeung dalil. Malahan lamun arék nyonto kana anu kungsi diprakkeun ku Sayyidina Utsman Ibn Affan mah jumlah rokaat solat tarawéh téh bisa nepi ka 36 rokaat, ditambah witir jadi 39 rokaat. 

Keur barudak di lembur, dina taun 80-an, lain merhatikeun jumlah rokaat solat tarawéh, anu dialap dina solat tarawéh salila bulan puasa nyaéta resepna, patarik-tarik amin, jeung heureuy ti mimiti silih séréd nepi ka silih singsatkeun samping. 

Aya ogé kolot anu pipilueun arélég jeung papadana, da ari élég jeung barudak mah meureun matak wirang sieun dicalutak.

Aya sababaraha hal anu sarua antara hiji wewengkon jeung wewengkon séjén. Jajaran atawa jumlah shaf solat tarawéh biasana ngurangan ti peuting ka peuting deui, beuki ngolotan tanggal bulan puasa, jumlah rokaat beuki ngurangan. 

Peuting kahiji ngalakonan solat tarawéh jumlah shaf atawa jajaran bisa tumplek nepi ka téras masigit. Nalika asup kana tanggal lilikuran, jamaah kari  nyésa dua nepi ka tilu jajar.

Mémang kitu biasana, antara kautamaan bulan puasa sok patukang tonggong jeung beuki geruhna pikiran masarakat ku pasualan matéri, pédah dina tanggal lilikuran mah geus jadi kabiasaan, masarakat kudu tatahar keur nyiapkeun pangabutuh lebaran.

Dina taun 80-an mah kaayaan samodél di luhur can pati euyeub dialaman ku masarakat pilemburan kusabab di lembur mah dina raraga nyanghareupan lebaran cukup ku barangjieun kalawan 'mandiri'.

Rupaning kuéh dijieun séwang-séwangan, sapuluh poé saméméh lebaran kaayaan lembur geus sarareungit. Dodol, wajit, kuéh paladang, jeung ulén dipoé luhureun suhunan imah. Barudak mindeng pisan maokan ulén jeung dodol anu dipoé.

Ngan ku ayeuna, kalolobaanna masarakat geus waregah deui barang-jieun kadaharan jeung kuéh keur lebaran antukna mending milih meuli baé kuéh anu geus jadi di mall jeung di toko. 

Pikiran masarakat kabagi dua, antara kudu nyiapkeun duit keur meuli pangabutuh jeung pikiran kudu museurkeun diri kana ibadah dina tungtung bulan puasa. Silih séréd téh geuning lain dina prakna tarawéh wungkul, dina kahirupan diri jalma ogé lumasung hal anu sarua, milih matéri atawa rohani.

Sok sanajan kahayang mah kudu saimbang antara materi jeung ruhani, tapi angger baé materi leuwih kuat mangaruhan kana kahirupan urang, alesanna basajan: sabab manusa teu bisa leupas tina materi, nya contona mah kuéh jeung kaperluan keur lebaran.


Posting Komentar

0 Komentar