Puasa di Lembur: Poé "Kemenangan"


Mémang rada hésé ogé merenahkeun duka kecap di luhur dina wangunan kalimah ku Basa Sunda. Lain kunanaon, duméh kalimah "Hari Kemenangan" ogé mangrupa istilah (idiomatik) anu masih kawilang anyar dina tata Basa Indonésia. Ngan tangtu baé kabéh jalma apal kana maksud éta istilah, sebutan séjén kana poé lebaran atawa Idulfitri.

Poé Kemenangan mangrupa istilah keur nyebutkeun meunang jeung pinunjulna jalma dina ngalawan hawa nafsu sabulan campleng salila bulan Puasa. Mémang kudu diaku, lolobana mah ngan saukur bisa ngandali nafsu dahar jeung nginum wungkul. Ceuk kyai mah, sawates puasa umum, ngan saukur karék bisa mindahkeun waktu dahar.

Da geuningan ari ngandali komo merangan hawa nafsu anu saéstuna mah rada hararésé. Ieu mah salila bulan puasa baé, sajam saméméh buka geus tatahar nyiapkeun rupaning kadaharan keur ngabatalan. Saminggu saméméh lebaran geus puang-pieung, pulang-anting néangan bekel keur poé lebaran arék duit, baju, kuéh, jsb. Henteu salah, hartina urang masih mangrupa jalma. Sebut baé masih manusiawi.

Keur méré harti Poé Kemenangan ogé tangtu kudu nyurupkeun diri kalawan tékstual ari darajat puasa karék nepi ka "lével" umum mah. Cindekna, poé lebaran mangrupa poé anu dipinuhan ku kabungah, kabagyaan, bisa deui dahar beurang, opor hayam, kupat, baju anyar, samping mérék BHS, peun baé nepi ka dinya.

Harti tékstual "Kemenangan" ogé kudu dihartikeun meunang deui dahar pabeubeurang, meunang deui nginum pabeubeurang, jrdd. Pihartieunna mah, urang moal ujug-ujug bisa jadi jalma "khusus" atawa istiméwa kitu baé. Kabéh kudu ngaliwatan heula mangsa prosés. Nété tarajé nincak hambalan. Ku lilana prosés ditambah sikep tuhu diri urang kana prosés lila-lila mah poé kemenangan ogé bakal nyurup kana harti kontékstual jeung métafor.

Ku harti kontékstual jeung métafor mah poé kemenangan ogé bisa jadi tibalik harti jeung maksud. Lain saukur meunang sagala rupa tapi henteu meunang sagala rupa. Maksudna, bisa leupasna diri jalma tina pangbérokan kahayang, tina penjara atawa bui pikiran hayang itu jeung ieu. Jalma mardika lain bisa ngalakonan sagala hal anu dipikahayang ku dirina, tapi bisa leupas jeung mardika tina nafsu anu ngagulung jeung nalikung diri. Lamun geus bisa kitu, urang geus aya dina "lével" jalma khowash atawa istiméwa.

Hirup tuluy nuturkeun prosés jeung prosédur anu geus diciptakeun ku Gusti Alloh. Dunya mangrupa tempat latihan bisa ogé jadi tempat siksaan ka diri urang. Anu matak dina diri urang aya rasa lapar, haus, ijid, hanjakal, jrrd hartina diri urang can bisa leupas tina pasualan kahirupan. Masih katalimeng ku hiji roda arék disebut samsara (sangsara) atawa kausalitas.

Dina mangsana, nyaéta dina poé kemenangan, jalma bakal bener-bener leupas tina dualitas pikiran, bener jeung salah, alus jeung goréng. Jalma bakal miboga sikep nétral dina nganiléy hiji pasualan. Moal boga sikep ijid kanu jahat ka diri urang, moal haripeut ku ngamandangkeun anti itu jeung ieu. Bakal sadar yén sagemblengna kahirupan geus kitu baé, nuturkeun tapak kausalitas atawa aya sabab jeung akibat.

Lamun can sadar kénéh nepi ka dinya, hartina diri urang mémang masih merlukeun latihan, tuluy diasah, diraut, disikat, jeung dibeuleum sangkan beuki katingali jati diri urang salaku jalma. Bener, tangtu baé kacida hésé hayang nepi ka dinya mah. Jeung kudu ngaliwatan mangsa anu lila, salila urang kumelendang di alam pawenangan can bisa balik ka Jati jeung ka Asal urang. Kahirupan merlukeun siklus waktu lain saabad dua abad, tapi nepi ka milyaran taun diri urang ngalalana. Tétéla dipedar ogé dina Al-Qur'an:

كيف تكفرون بالله وكنتم امواتا فاحياكم ثم يميتكم ثم يحييكم ثم اليه ترجعون

Dihartikeun kieu: Maranéh kunaon nutup diri teu sadar baé padahal geus dimaotkeun, dihirupkeun, dimaotkeun deui, dihirupkeun deui,... Nepi ka maranéh bisa balik ka Jati jeung ka Asal. Henteu anéh mangsa kahirupan sanggeus di dunya ayeuna arék meunang kanikmatan atawa sangsara diukur ku kecap ابدا ابدا (abadan-abadan) waktu anu mangabad-abad. Ngan kusabab teu sadar kana jati diri sorangan, urang ngan bisa méré anggapan saolah-olah hirup téh ngan sakali di dunya wungkul, diukurna ogé ku itungan taun, umpamana ngan 60-70 taun.

Posting Komentar

0 Komentar