Carita Rahayat: Nyimas Cai Wangi




Sinopsis
Carita rahayat atawa folk-lor Nyimas Cai Wangi mangrupa dongéng asal-usul ngaran Kampung Ciwangi di Kelurahan Cikundul, Kecamatan Lembursitu. Nyimas Cai Wangi mangrupa wanoja anu geulis kawanti-wanti, kageulisanna kakoncara ka sakuliah éta wewengkon. Ngaran pituinna Nyai Arum, dilandih jadi Nyimas Cai Wangi kusabab kungsi nyalametkeun éta lembur tina kajahatan hiji buta anu boga ngaran Yaksa Purusha. Yaksa Purusha boga maksud hayang ngawin Nyimas Cai Wangi. Kusabab henteu bisa nedunan sarat kudu nganyam samak tina daun pandan, Yaksa Purusha kabeulit ku daun pandan, awakna tikelebek kana cai panas (ayeuna Pemandian Air Panas Cikundul), raga badagna malih warna jadi héjo kusabab kasipuh ku daun pandan. Masarakat di wewengkon Cikundul, Cicadas, jeung Téspong dina mangsa ka tukang (nepi ka taun 80-an) mindeng ngadongéngkeun ka anak incuna yén dina waktu anu tangtu Yaksa Purusha anu ngawujud jadi buta héjo remen némbongan dina waktu-waktu anu tangtu. Tempat dumuk Nyimas Cai Wangi, kiwari ngawujud jadi hiji lembur, dibéré ngaran.. Ciwangi.

Narator      
Baheula di hiji lembur, di wewengkon cijeruk, ieu wewengkon dilandih ngaran jadi Cikundul sanggeus Raden Aria Wira Tanudatar VI kungsi ngaluuhan ieu wewengkon, kungsi aya hiji kajadian. Ieu kadajian dicaritakeun deui ku anu jadi uyut, aki, nini, jeung indung, bapa kanu jadi budak-budakna.

Kahirupan masyarakat di ieu wewengkon hirup silih ajénan, alaman subur, dipinuhan ku héjo ngémplohna rupaning tutuwuhan, cai cur cor hérang ngageyas. Pangeusi lembur teu arumaing éstuning ngébréhkeun sikep soméah, silih pikanyaan, silih asas asih asuh jeung papada.

Anu jadi budak hormat kanu jadi kolot, sahandapeun sopan ka saluhureun, saluhureun mikanyaah ka sahandapeun. Resep nanjeurkeun silih tulungan, silih bantuan, némbongkeun sikep ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

Dina mangsa chandrakala ka opat, hiji wanoja dilandih ku masarakat ku sebutan Nyimas Cai Wangi. Saurang wanoja anu geulis, jadi sabiwir hiji, babakuna saha baé anu nénjo éta wanoja, hate langsung gumecrot hayang ngapimilik.

Sebutan Nyimas Cai Wangi jeung carita anu marengan kahirupanna dina mangsa ayeuna dipaké keur nyebut ngaran hiji lembur anu aya beulah kaléreun Cikundul nyaéta Kampung Ciwangi.

Jujutan caritana kieu:

Setting jeung Latar
Kahirupan masarakat anu akur jeung tingtrim, lembur anu hégar, ricit ku sora manuk jeung ingon-ingon.

Indung        
Nyai, geus waktuna atuh nyai téh laki rabi. Da kitu nyai mah, tiap aya jajaka anu datang rék nganjang kalah kah ditolak. Geus hayang mulung mantu, ema téh..

Nyimas Cai Wangi
Ih, isin ema.. teu acan kaémutan dugi ka dinya.

Indung
He-eh, ngan atuh ari aya lalaki anu arék nganjang mah tarima baé, boa éta pisalakieun téh..

Nyimas Cai Wangi
Sumuhun, ema..

Narator               
Kageulisan jeung alus budi Nyimas Cai Wangi kakoncara jeung kawentar kamana-mana. Dina hiji poé  ka éta lembur kadatangan ku hiji raksasa ngaranna Yaksa Purusha. Cenah mah keur néangan pipamajikeun.

Nénjo hiji mahluk jangkung tur badag, pikasieuneun, ampir kabéh masarakat di éta lembur lalumpatan, ngahodhod, nyarumput ka kolong imah.

Yaksa Purusha   
Heyyy, manusa… kunahaon ngajauhan kula. Kula datang k adieu lain arék nandasa jeung nyieun kagoréngan. Bener di ieu lembur aya wanoja geulis. Arék dijadikeun pamajikan ku kula… hayang kiwinnnnn kula téh, hahaha…

Masarakat I     
Aduh.. ampun teuing buta… ampunn… ulah nandasa kuring.

Yaksa Purusha
Heyy manusa, kuring nanya sakali deui.. bener di ieu lembur aya wanoja geulis? Di mana imahna.. haha..

Masarakat II   
Leres… buta. Itu beulah ditu.. ngaranna Nyimas Cai Wangi.

Yaksa Purusha
Anteurkeun kula ka imahna hey manusa!

Masayrakat nganteur Yaksa Purusha ka imah Nyimas Cai Wangi

(Sora panto diketrok)

Yaksa Purusha  
Heyy puntenn, buka panto, nyaiii calon pamajikan kula.. hahaha

Nyimas Cai Wangi
Gustii.. emaaaaa aya mahluk jangkung ageung… pikasieuneun…

Yaksa Purusha  
Heyy nyai… ulah kitu ka pisalakieun téh.. hahaha… nyai daék jadi panajikan akang?

Indung
Aduh.. tobat teuing, palias bararaid kuring ari kudu boga minantu ka pantara salira.. mah..

Yaksa Purusha
Heyy kolot, lamun teu dibikeun ku kuring ieu lembur bakal diruksak.. ulah kumawani nolak kanyaah di kula, manusaa!
Nyimas Cai Wangi
Buta, kuring siap jadi pamajikan anjeun, ngan aya sarat anu kudu dicumponan.
Yaksa Purusha
Naon saratna, asal ulah anu hésé pasti ku kula dicumponan, geulis…

Nyimas Cai Wangi
Pang jieunkeun samak, anyam tina daun pandan.. legana éta samak sarua jeung tegalan anu aya di ieu lembur. Waktuna ti ayeuna nepi ka engké sore. Anyam éta samak di pasir beulah ditu..

Yaksa Purusha
Hahaha.. nganyam samak tina daun pandan? Hahaha sarat anu kadica hampang. Tangtu… tangtu ku kula dicumponan nyai geulis bébéné akang…


Narator  
Yaksa Purusha ngajugjug ka pasir tonggheun pilemburan. Ngarabutan tanggal pandan anu aya di éta tempat. Tuluy ngamimitian nganyam daun pandan. Orokaya, kusabab ramo-ramo leungeunna bararadag, hésé dina nganyam daun pandan. Ti isuk jedur nepi ka panon poé tunggang gunung, daun pandan kalah ruksak. Ambek nyedek, daun pandan diacak-acak. Daun pandan meulit kana awak Yaksa Purusha. Dadak sakala jadi liat. Yaksa Purusha nyoba sataker kebek sangkan daun pandan anu meulit sakabéh awakna udar tina dirina. Beuki kekejetan hayang leupas, daun pandan kalah beuki pageuh meulit. Yaksa Purusha, blug labuh. Gorolong awakna ngagulutuk kawas bal anu ditajong ka landeuheun éta pasir. Nyimas Tjai Wangi anu ti tadi ngintip, ngudag ka mana ngagulutukna Yaksa Purusha. Awak anu sakitu badag téh dikelebek kana hiji calubek anu caina panas.

Yaksa Purusha
Tulungggggg…. Tulungggg….

Nyimas Cai Wangi
Cekelan ieu gantar, Buta…

Narator
Yaksa Purusha renghap ranjug, engap. Awakna kasipuh ku daun pandan jadi warna héjo.

Yaksa Purusha
Nuhun.. nyai…. Aduh hampura kula… moal wani-wani deui kula ngaganggu jeung hayang ngawin nyai…

Nyimas Cai Wangi
Geura indit ti ieu tempat, Buta. Awak manéh geus robah warna jadi héjo..

Narator
Yaksa Purusha ngeunteung kana cai, bener awakna jadi héjo. Berebet lumpat ka gunung beulah kiduleun éta tempat. Yaksa Purusha anu malih warna jadi héjo dina waktu anu tangtu sok turun ti mumunggang gunung Arca, ku masarakat mindeng dicaritakeun aya buta héjo di éta gunung. Tempat tikebelekna Yaksa Purusha kana calubek, ayeuna mangrupa pamandian cai panas di Cikundul. Lembur padumukan banjar barang pamidangan Nyimas Cai Wangi dina mangsa kiwari disebut Kampung Ciwangi, Kelurahan Cikundul, Kecamatan Lembursitu.

Diserat Ku Kang Warsa

Posting Komentar

0 Komentar